NgoBras FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, Ngabuburit Matotoskeun Program Nyanghareupan Muscab  

- 3 April 2023, 07:08 WIB
Ngobrol Bareng Santai (NgoBras) FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, di Desa Kertajaya, Kec. Padalarang, Saptu, 1 April 2023, ngabuburit silaturahmi bari matotoskeun program nyanghareupan palaksanaan Musyawarah Cabang.*
Ngobrol Bareng Santai (NgoBras) FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, di Desa Kertajaya, Kec. Padalarang, Saptu, 1 April 2023, ngabuburit silaturahmi bari matotoskeun program nyanghareupan palaksanaan Musyawarah Cabang.* /Dok. FKPPI PC 10.28 KBB/

 

GALURA – Ngobrol Bareng Santai (NgoBras) Forum Komunikasi Putra Putri Purnawirawan TNI/Polri (FKPPI) Pengurus Cabang (PC) 10.28 Kabupaten Bandung Barat, lumangsung poé Saptu, 1 April 2023, di Desa Kertajaya, Kec. Padalarang.

Dimimitian ti bada Asar, éta acara NgoBras FKPPI PC 10.28 téh bari ngabuburit jeung silaturahmi matotoskeun rupaning program organisasi.

NgoBras FKPPI PC 10.28 harita dihadiran ku réngréngan Pangurus Cabang, Pangurus Rayon, Dewan Penaséhat, parasenior turta sakumna anggota.

Wakil 1 Bidang Organisasi FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat, Asep Dedi, mertélakeun, gempungan dina NgoBras antarana waé matotoskeun program kalengkepan data-data Pangurus Rayon di tingkat kacamatan.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

Éta data-data kapungurusan rayon téh kacida pentingnga enggoning nyanghareupan Musyawarah Cabang FKPPI PC 10.28 Kabupaten Bandung Barat nu insyaallah baris digelar Mei 2023.

FKPPI PC10.28 Kabupaten Bandung Barat diwengku 16 Pangurus Rayon di tingkat kacamatan, sarta 165 Pangurus Ranting di tingkat désa.

“Ku kituna dipiharep, ka réngréngan di tingkat rayon nu tacan ngalengkepan data kapangurusan, sangkan geura-geura masrahkeun data-datana,” pokna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x