Bupati Amitan ka Wartawan Rèk Umrah Bari Lebaran di Makah

- 1 April 2024, 15:00 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna amitan ka Wartawan deuk umrah bari Lebaran di Makkah. (01/04/2024).
Bupati Bandung, Dadang Supriatna amitan ka Wartawan deuk umrah bari Lebaran di Makkah. (01/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Bupati Bandung, Dadang Supriatna silaturahmi jeung sajumlah wartawan nu aya dina beungkeutan PWI Kabupaten Bandunh jeung IJTI Korda Bandung Raya, di imah dinesna di komplek Pemda Kabuoaten Bandung di Soreang, Senen, 1 April 202l4.

Silaturahmi sakalian pamitan, lantaran Bupati Bandung rèk miang umrah ka Tanah Suci Mekkah, Salasa, 2 April 2024 peuting.

"Simkuring sakulawarga badè umrah. Tos maneuh unggal taun ti taun 2012, nincak di 10 dinten ahir Romadon ngalaksanakeun umrah. Mung ayeuna badè nyobian lebaran di Mekkah. Janten wangsulna kaping 14 April 2024," ceuk Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna nu dibarengan Kadiskominfo Kabupaten Bandung, Yosep Nugraha amitan, tur mènta didoakeun ka wartawan nu hadir harita sangkan disalametkeun ti miang tepi ka mulang deui ka lembur kakayan aya dina kasehatan.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x