Lebaran 2024, Jalan Nagara Cikijing– Ciamis Loba nu Angka Dalapan

- 5 April 2024, 14:41 WIB
Jalan nagara antara Panawangan-Kawali loba nu mengkolna saperti angka 8.
Jalan nagara antara Panawangan-Kawali loba nu mengkolna saperti angka 8. /Nanang/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Jalan ti Ciamis tepi ka Cikijing tepi ka tapel wates Kabupatén Majalengka jeung Kabupatén Kuningan nu kaasup jalan Nagara téh pinuh ku péngkolan nu marites, jeung bari nanjak atawa mudun deuih.

Ti Tasikmalaya ka Ciamis mah jalan téh ngabulungbung, badag jeung lempeng, teu weléh diuma-omé, kawantu jalan nagara. Ieu teh jalur tengah nu nepungkeun Jawa Barat jeung Jawa Tengah.

Ti Ciamis ka kalér, méngkolna ti lebah Alun-Alun Ciamis pinuh ku jalan nu pungkal-péngkol. Antara Ciamis-Buniseuri jalan nanjak, mudun ti kalér mah, téh méngkolna marites. Ti Kawali tepi ka Panawangan méngkolna marites, maringkel, nu siga angka dalapan téh jumlahna aya opatna.

Baca Juga: Warga Kondangmekar Korban Urug di Blok Cipadung Jalan Nasional Cikijing-Kuningan, Ahirna Kapanggih

Juara dunia motor GP ogé sigana moal sanggupeun mawa motor dina kacepetan sajamna leuwih ti 150 kilométer.

Ti Panawangan tepi ka Cikijing jalanna ogé sarua pungkal-péngkol, ngaliwatan gawir jeung pasir nu lalungkawing. Ti tapel wates Kabupatén Ciamis, ti Gardu Panawangan, tepi ka Cikijing jalan karék bisa lempeng meueuseun.

Lempeng pisan mah kira-kira lima kilometer deui ka Cikijing, mapay pasawahan nu upluk-aplak, mun kabeneran hawana keur hadé mah atra katingal Gunung Ceremé.

Mun holna ti kidul manggih tanjakan atawa pudunan mun holna ti kalér bari pungkal-péngkol jeung nanjak atawa mudun ti tungtung kota Cikijing. Jalan téh mapay-mapay tonggong pasir, jalan nu rék atawa tas kaliwatan katempo ti jalan nu leuwih luhur.

Baca Juga: Motorna Kapanggih, Korbanna Acan, Urug di Jalan Nasional Cikijing-Kuningan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x