Warga Kondangmekar Korban Urug di Blok Cipadung Jalan Nasional Cikijing-Kuningan, Ahirna Kapanggih

- 1 April 2024, 14:53 WIB
Tim Gabungan ngaevakuasi korban urug di Blok Cipadung Jalan NAsional Cikijing-Majalengka (31/03/2024).
Tim Gabungan ngaevakuasi korban urug di Blok Cipadung Jalan NAsional Cikijing-Majalengka (31/03/2024). /Ayank/galura.co.id


GALURA.CO.ID –Korban taneuh urug Jalan Nasional Cikijing-Majalengka, Ohidin bin Ahmad, warga Cingambul, Ahad (31/3/2024) jam 11.00 WIB, kapanggih ku tim gabungan. Kapanggihna Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, tepatna di titik urug ka-2 ti arah Cikijing.

Tim gabungan diwengku ku patugas Polsek Cikijing, TNI, BPBD, Sat Pol PP, perangkat desa jeung kulawarga korban. Meunang sababaraha poe tim gabungan taya reureuhna neangan di mana korban kauruganana. Korban kaurugan waktu tumpak motor, ari motorna mah geus kapanggih samemehna.

Dumasar informasi ti Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun ku Kapolsek Cikijing AKP Rudy Djunardi, SH.,MH, korban kaurugan Salasa, 5 Maret 2024 basa koran ngaliwat ka lebah dinya bari tumpak motor.

Baca Juga: Motorna Kapanggih, Korbanna Acan, Urug di Jalan Nasional Cikijing-Kuningan

"Pihak kulawargi, anu utami garwana korban, tos netelakeun kalayan sadar tur ihlas kangge teu di autopsi. Aranjeunna percanten ieu kajantenan musibat jeung takdir ti Allah SWT," ceuk Kapolsek.

Kapolrses ngadoakeun korban kenging tempat anu layak di sagedengeun Allah SWT. “Pamugi kulawargi anu dikantunkeun dipaparinan kakiatan dina mayunan ieu cicobi," ceuk AKP Rudy Djunardi.

Danramil 1705/Cikijing Kodim 0617/Majalengka Kapten Inf Dadang Purnomo, netelakeun, korban teh tukang kiridit di wilayah Kabupaten Kuningan.

Poe Salasa, 5 Maret 2024 jam18.05 WIB masih komunikasi jeung pihak kulawargana. Nyebutkeun bakal mulang ka imahna ku ngagunakeun sapedah motor Yamaha Jupiter MX Nopol E 4026 WQ. Satuluyna leungit kontak.

"Dina Evakuasi layon ngalibetkeun anggota Koramil 1705/Cikijing, Polsek Cikijing, BPBD Kabupaten Majalengka dibantos warga sabudeureunna. Saterasna layon dipasrahkeun ka pihak kulawargi korban, anu alamatna di Blok Bojongsari RT 004 RW 001 Desa Kondangmekar, Kecamatan Cingambul, Kabupaten Majalengka," ceuk Danramil.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x