Bencana Alam Susulan, Jalan Nasional Cikijing Majalengka-Kuningan Urug

- 17 Maret 2024, 11:00 WIB
Gawir di blok Cipadung Desa Sundanpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka urug deui (16/03/2024), jalan nasional teu bisa diliwatan.
Gawir di blok Cipadung Desa Sundanpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka urug deui (16/03/2024), jalan nasional teu bisa diliwatan. /Ayank/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Hujan gede anu kajadian beurang nepi sore ngabalukarkeun  taneuh lamping di Bllok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka nu urug sawatara waktu ka tukang  urug deui, Saptu (16/03/2024).

Balukarna  jalan nasional anu nngahubungkeun antara Cikijing Kabupaten Majalengka jeung Kabupaten Kuningan katutup material urugan taneuh.

Saperti anu diwartakeun samemehna titik longsor nu munggaran di Blok Cipadung nu nutupan jalan, geus bisa diliwatan kandaraan boh roda dua boh roda opat.

Baca Juga: Ngungkulan Taneuh Urug di Blok Cipadung Jalan Cikijing-Kuningan: Kolaborasi Polsek Cikijing jeung Warga

Danramil 1705 Cikijing, Kapten Inf Dadang Purnomo netelakeun sabada nampa informasi gawir di Blok Cipadung urug deui patugas gabungan TNI, Polri jeung Basarnas bareng warga sabudeureunna datang ka lokasi keur ngaevakuasi  material urugan taneuh.

"Balukar tina eta kajantenan, jalan nasional anu ngahubungkeun Kabupaten Majalengka sareng Kabupaten Kuningan via Cikijing, tacan tiasa diliwatan ku kandaraan, balukar material urugan taneuh anu nutupan badan jalan," ceuk Kapten Inf Dadang Purnomo.

Di tempat nu misah, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto nandeskeun, minangka aparat teritorial dina situasi jeung kondisi naon wae kudu aya dina auban masarakat. Ieu implementasi ti Delapan Wajib TNI.

"Satiap kagiatanan dipidamel ku TNI jantenkeun  ibadah. Dina sadih Romadon pamugi satiap kahadean urang kenging ganjaran anu hade deui ti Allah SWT," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x