Ngungkulan Taneuh Urug di Blok Cipadung Jalan Cikijing-Kuningan: Kolaborasi Polsek Cikijing jeung Warga

- 14 Maret 2024, 07:41 WIB
Ps. Panit Lantas Polsek Cikijing Polres Majalengka Polda Jabar, Aiptu Ade Deni H ngaroris evakuasi material urug di jalan Cikijing-Kuningam Blok Cipadung, Salasa (13/03/2024) peuting.
Ps. Panit Lantas Polsek Cikijing Polres Majalengka Polda Jabar, Aiptu Ade Deni H ngaroris evakuasi material urug di jalan Cikijing-Kuningam Blok Cipadung, Salasa (13/03/2024) peuting. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ruas jalan Nasional Cikijing-Kuningan di Blok Cipadung Kecamatan Cikijing Kabupaten Majalengka nu kaurugan ngalantarakeun patalimarga kandeg, pikeun sawatara poe kandaraan sina make jalan alternatif.

Tarekah keur ngungkulan patalimarga jeung patroli tuluy dilaksanakeun ku Ps. Panit Lantas Polsek Cikijing Polres Majalengka Polda Jabar, Aiptu Ade Deni H. Inyana ngaroris evakuasi material urug jeung ngabewarakan informasi di lokasi kajadian, Salasa (13/03/2024) peuting.

Rengse proses sterilisasi jeung ngaberesihan material urug dipigawe, kiwari jalan bisa diliwatan ku kandaraan R2 jeung R4.

Baca Juga: Sinergitas TNI-Polri, Ngevakuasi Kandaraan di Lokasi Bencana Alam Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan

Kandaraan tonase beurat, dialihkeun ka jalur alternatif ngaliwatan Jalan Desa Cidulang - Jalan Desa Jagasari - Jalan Desa Cipulus - Wilayah Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan (Jalan Desa Gunungsirah - Jalan Desa Parung).

Nalika di lokasi, Aiptu Ade Deni cumeluk ka warga sabudeureunna sangkan tetep waspada tur iatna. Pasalna, curah hujan anu masih badag tur dibarengan ku angin ngagelebug bisa ngabalukarkeun situasi anu parna.

Inyana oge meredih ka masarakat sangkan sagancangna ngahubungan call center Polri 110 naluka kajadian bencana alam atawa gangguan kamtibmas.

AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun Kapolsek Cikijing, AKP Rudy Djunardi M, S.H., M.H., netelakeun pentingna kawaspadaan jeung kasiapan masarakat dina nyanghareupan bencana alam.

Kolaborasi jeung rojongan ti masarakat kawilang penting dina tarekah nyinglar jeung ngungkulan bencana saperti jalan nu kaurugan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x