Urug di Jalan Raya Cikijing-Kuningan, Patalimarga Kateug

- 7 Maret 2024, 08:50 WIB
Tim gabungan ngaroris evakuasi lokasi bencana urug di Jalan Raya Nasional Jalur Cikijing - Kuningan, Rt 01 Rw 08 Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka (06/03/2024).
Tim gabungan ngaroris evakuasi lokasi bencana urug di Jalan Raya Nasional Jalur Cikijing - Kuningan, Rt 01 Rw 08 Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka (06/03/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID - Polres Majalengka Polda Jabar bareng jeung Polsek Cikijing katut TNI jeung instansi lianna ngaroris evakuasi lokasi bencana urug di Jalan Raya Nasional Jalur Cikijing - Kuningan, Rt 01 Rw 08 Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka (06/03/2024).

Evakuasi dilaksanakeun sabada dinaSalasa, 05 Maret 2024, jam 20.30 WIB, gawir di wewengkom Kecamatan Cikijing Kabupaten Majalengka, urug.

Kajadian bencana alam urug aya di opat titik, kalayan kondisi pang parnana di lokasi ka opat anu luhurna 207 meter, panjang 50 meter, jeung kandelna material nutupan Jalan Raya Nasional Jalur Cikijing - Kuningan kurang leuwih 10 meter.

Baca Juga: Kabupaten Majalengka Rawan Bencana Alam, Masarakat Perlu Diedukasi keur Nyinglar Korban

Keur ngungkulanana, BPBD Kabupaten Majalengka ngagunakeun drone keur ngaroris area longsor.

Alat berat digunakeun dina proses evakuasi, kaasup tilu unit loader anu Kementerian PUPR Wilayah Cirebon jeung sahiji unit loader anu Bina Marga Provinsi Jabar.

Nepi ka kiwari, Jalan Raya Nasional Jalur Cikijing - Kuningan tacan bisa diliwatan ku kandaraan ti kadua arah, ku kituna arus lalu lintas dialihkeun ka jalur alternatif.

"Kandaraan ti Majalengka ka Kabupaten Kuningan ngalangkungan jalur alternatif, Jl. Desa Cidulang - Jl. Desa Jagasari - Jl. Desa Cipulus - Wil Kec. Darma Kab. Kuningan (Jl. Desa Gunung Sirah - Jl. Desa Parung)," ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., ditepikeun ku Kapolsek Cikijing AKP Rudy Djunardi M, S.H, M.H.

Nepi ka kiwari, tacan aya korban jiwa anu dilaporkeun balukar ieu kajadian. Sajumlah alat berat teu reureuh dipake ngaevakuasi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah