Kabupaten Majalengka Rawan Bencana Alam, Masarakat Perlu Diedukasi keur Nyinglar Korban

- 26 Agustus 2023, 06:00 WIB
Bupati Majalengka sacara simbolis masrahkeun konci imah sakaligus ngaresmikeun Rumah Relokasi Pasca Bencana Alam  jeung launching Bantuan CSR Rutilahu Taun 2023, di Desa Girimulya Kecamatan Banjaran, Kemis (24/08/2023).
Bupati Majalengka sacara simbolis masrahkeun konci imah sakaligus ngaresmikeun Rumah Relokasi Pasca Bencana Alam jeung launching Bantuan CSR Rutilahu Taun 2023, di Desa Girimulya Kecamatan Banjaran, Kemis (24/08/2023). /galura.co.id/Ayank R Sambara

GALURA. CO. ID -"Majalengka teh wilayah nu rawan bencana, dua pasualan nu mindeng kajantenan di wilayah Kabupaten Majalengka: di wilayah kidul dins usum ngijih mindeng kajantenan longsor, di wilayah kaler mindeng kajantenan banjir,” ceuk Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd.

Bupati Majalengka nyebutkeun perlu sosialisasi jeung edukasi ka masarakat ngeunaan lengkah antisipatip dina nyanghareupan bencana alam. “Dipiharep ku lengkah antisipatif tiasa nyinglar ayana korban jiwa nalika kajantenan bencana alam," pokna.

Bupati Majalengka nyebutkeun, dina nyanghareupan hiji bencana, teu bisa saukur direngsekeun ku Bupati jeung Wakil Bupati wae. Tapi perelu ayana gawe bareng sauyunan tur perhatian ti sakumna pihak.

"Salasawiosna ti pihak pausahaan. CSR pausahaan tiasa ngabantos masarakat di Kabupaten Majalengka nu meryogikeun bantosan boh nu tos kenging bencana boh nu sanesna," pokna.

Baca Juga: Majalengka Panas, Ratusan Warga Ngepung Pendopo Kabupaten Majalengka

Bupati Majalengka netelakeun hal eta waktu sacara simbolis masrahkeun konci imah sakaligus ngaresmikeun Rumah Relokasi Pasca Bencana Alam taun 2022 ka tukang, bareng jeung launching Bantuan CSR rutilahu Taun 2023, di Desa Girimulya Kecamatan Banjaran, Kemis (24/08/2023).

Bupati Majalengka miharep ku dipasrahkeunna rumah relokasi pasca bencana masarakat boga deui padumukan nu leuwih hade kaasup lokasina nu leuwih aman “Sanaos kitu tetep kedah waspada mayunan bencana alam di mana wae ayana," pokna.

Dina laporanna Kepala Dinas Perumahan Kawasan Permukiman dan Pertanahan (DPKPP) Kabupaten.Majalengka, Sidharta A.P., M.P., nyebutkeun program rutilahu mibanda tujuan pikeun ngabantu masarakat sangkan imahna pantes dicicingan. Tangtuna wae dirojong ku swadaya masarakat.

"Ngomean rutilahu salami ieu parantos dilaksanakeun ku Dinas DPKPP, sumber waragadna ti DAU, 80 unit; CSR pausahaanm 28 unit, jeung; relokasi pasca bencana, 53 unit," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x