Majalengka Panas, Ratusan Warga Ngepung Pendopo Kabupaten Majalengka

- 25 Agustus 2023, 10:18 WIB
Aparat kaaamanan gabungan Polri, TNI, jeung Satpol PP keur ngungkulan warga nu unjuk rasa di Pendopo Kabupaten Majalengka, simulasi ngungkulan kajadian nu sakira mucunghul patali jeung Pilpres katut Pemilu 2024.
Aparat kaaamanan gabungan Polri, TNI, jeung Satpol PP keur ngungkulan warga nu unjuk rasa di Pendopo Kabupaten Majalengka, simulasi ngungkulan kajadian nu sakira mucunghul patali jeung Pilpres katut Pemilu 2024. /galura.co.id/Ayank R Sambara


GALURA.CO.ID -Warga, jumlahna ngaratus, Kemis (24/8/2023) ngepung Pendopo Kabupaten Majalengka. Sababaraha di antarana tembong buringas. Aparat kaamanan nu memehna geus tatan-tatan, getapan ngungkulanana, kukuh ngajaga sangkan warga henteu anarkis.

Kaayaan beuki lila beuki panas, saurang dua urang ti antara waraga gogorowokan sangkan warga maksa asup ka Pendopo Kabupaten Majalengka. Malah aya nu ngalawan ka aparat kaamanan, di antarana najongan tameng.

Sabada sababaraha lila kaayaanana kitu, aparat kaamanan, jumlahna 525 personil, gabungan Polres Majalengka, Brimbob Batalyon C Polda Jabar, TNI Kodim 1617 Majalengka, jeung Satpol PP Kabupaten Majalengka, ahirna bisa meper warga. Warga henteu buringas deui.

Baca Juga: Majalengka Meunang DSP BNPB Gedena Rp1,4 Milyar keur Ngomean Infrastruktur nu Ruksak Akibat Bencana Alam

Ku naon Majalengka tepi ka panas kitu? Tong kaget eta teh simulasi ngajaga kaamanan dina raraga tatan-tatan nyanghareupan Pemilu jeung Pilpres taun 2024. Bisi aya hal-hal nu teu dipiharep patali jeung lumangsungna Pemilu jeung Pilpres nu bakal dilaksanakeun 14 Februari 2024.

Simulasi digelar Polres Majalengka Polda Jabar. Udaganana pikeun leuwih ngaronjatkeun kasiapsiagaan dina nyanghareupan sagala kamungkinan nu bakal kajadian salila proses Pemilu jeung Pilpres taun 2024.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., ngahatur nuhunkeun jeung ngaapresiasi pisan ka sakumna nu aub dina eta simulasi. “Simulasi nembongkeun kasiapan, sabeungkeutan, jeung komitmen urang sadayana: Pemilu jeung Pilpres bere roes,” pokna.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Masrahkeun Domba nu Dipaling ka nu Bogana

Dina ngajaga kondusifitas Pemilu jeung Pilpres 2024, ceuk Kapolres Majalangka, kudu ngaubkeun sumber daya nu aya sarta mengkuhkeun rukun gawe jeung sinergitas jeung nu ngalaksanakeun Pemilu, TNI, jeung pamarentah daerah.

Dina simulasi harita aya sababaraha skenario nu sakira kajadian sarta kumaha ngungkulanana. Tujuanna pikeun nyaluyukeun pola pikir katut tindakan sakumna aparat kaamaman nu mancen tugas jeung ngaronjatkeun keterampilan teknis tur taktis personel dina nyanghareupaan nu unjuk rasa.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x