Pasir di Désa Giriwaringin Kuningan Urug, Perlu Panalungtikan Geologi

- 7 Maret 2024, 19:36 WIB
Urug Mingkin kerep di Kuningan
Urug Mingkin kerep di Kuningan /Dok BPBD Kabupaten Kuningan/

GALURA-Aya opat umpi warga Désa Giri Waringin, Kecamatan Malébér, Kabupatén Kuningan, anu kiwari ngungsi ka tempat anu dianggap aman.

Kituna téh sanggeus imahna kalimpudan taneuh, balukar Pasir Istiméwa di sabudeureun Dusun 3 RT 6 RW 3 Désa Giriwangin urug, Salasa, (5/3/2024), peuting.

Ceuk Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daérah (BPBD) Kabupatén Kuningan aya tilu imah warga anu ruksak parna.

Nyatana, imah bogana Wasiti (80), Juhardi (80) dan Kasju (45). Sajaba éta ogé aya hiji imah anu ruksak sedeng nyaéta imah bogana Asnén (52).

Ceuk Indra Bayu, satuluyna, taya korban jiwa dina kajadian musibat alam téh, semet imah ruksak jeung pangeusina henteu kapuluk kalimpudan taneuh.

Nurutkeun Indra Bayu, urugna Pasir Istiméwa di Désa Giriwangin, lain urug biasa umumna anu kiwari kajadian di sababaraha désa wewengkon Kuningan.

Urug di éta wewengkeun, beunang disebutkeun gerakan tanah. Éta salasahijina katangén ayana bagéan pasir anu rengat atawa ngewag, panjangna kurang leuwih 200 méter.

"Urug anu ieu mah tiasa disebatkeun gerakan tanah. Ku margi kitu peryogi panalungtikan geologi," ceuk Indra Bayu.**

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x