Motorna Kapanggih, Korbanna Acan, Urug di Jalan Nasional Cikijing-Kuningan

- 24 Maret 2024, 08:34 WIB
Motor korban urug di jalan Nasional Cikijing - Kuningan di Blok Cipadung Kecamatan Cikijing, kapanggih, ari korbanna mah acan.
Motor korban urug di jalan Nasional Cikijing - Kuningan di Blok Cipadung Kecamatan Cikijing, kapanggih, ari korbanna mah acan. /Ayank/galura.co.id.

GALURA.CO.ID  -Anggota Koramil 1705/Cikijing Kodim 0617/Majalengka jeung tim gabungan BPBD katut instansi lianna anu ngabersihan jeung ngabeberes kenca katuhu jalan sarta neangan korban anu diduga kakubur taneuh urug, di Jalan Nasional anu ngahubungkeun Cikijing-Kuningan di Blok Cipadung, Desa Sindangpanji, Kecamatan Cikijing, Kabupaten Majalengka, Jawa Barat, dinyatakeun rengse.

Akses jalan anu katutup material longsor,  geus dibuka tur bisa diliwatan kandaraan roda dua jeung  roda opat kalayan satu jalur buka tutup. Iwal kandaraan tronton anu tacan diidinan ngaliwatan.

Danramil 1705 Cikijing Kapten Inf Dadang Purnomo netelakeun, evakuasi ngaberesihan jeung ngarapihkeun lokasi kenca katuhu jalan anu kaurugan material ti petugas gabungan pikeun saheulaanan rengse.

Baca Juga: Tanggap Bencana, Anggota Koramil 1705/Cikijing Ngaroris Lokasi Taneuh Urug di Kecamatan Cingambul

"Salian eta, kangge jalan tos dibuka, tiasa dilangkungan ku kandaraan roda dua sareng roda opat ku satu jalur buka tutup. Kajabi kandaraan tronton anu teu acan diidinan ngalangkungan jalur ieu," ceuk Inf Dadang Purnomo, Saptu (23/3/2024).

Danramil netelakeun, memang aya nu diduga korban, salasaurang warga Desa Kondangmekar nu can kapanggih.

Awalna laporan ti kulawarga korban anu ngabewarakeun putus kontak jeung salasaurang kulawargana nalika lalampahan balik ti Luragung Kuningan ka Cingambul Majalengka. 

"Anapon kitu upami pihak kulawargina aya anu masih hoyong milari korban, disumanggakeun, mung kedah merhatoskeun faktor kaamanan tur panalungtikan ku pihak kapolisian, manawi aya faktor  sanesna," ceuk Kapten Inf Dadang Purnomo.

Baca Juga: Bencana Alam Susulan, Jalan Nasional Cikijing Majalengka-Kuningan Urug

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x