Lebaran 2024, Jalan Nagara Cikijing– Ciamis Loba nu Angka Dalapan

- 5 April 2024, 14:41 WIB
Jalan nagara antara Panawangan-Kawali loba nu mengkolna saperti angka 8.
Jalan nagara antara Panawangan-Kawali loba nu mengkolna saperti angka 8. /Nanang/galura.co.id

Puncakna mah di deukeut tapel wates Kabupatén Majalengka jeung Kabupatén Kuningan, di Kacamatan Darma.

Ti tapel wates Kabupatén Majalengka jeung Kabupatén Kuningan, tepi ka Kadugedé Kuningan, jalan ogé sarua deuih pungkal-péngkol ngan teu marites, jeung henteu ngaliwatan pasir nu lalungkawing.
Ti Kuningan tepi ka Cirebon jalan ngabalungbung, anu rada nanjak atawa mudun jeung rada pungkal-péngkol ti Ciperna, tempat pangulinan nu unggal malem Ahad teu weléh ramé.

Ti sisi Kota Cikijing atawa ti tapel wates Kabupatén Kuningan jeung Majalengka mémang jalan téh matak paur. Beulah tonggohna gawir ka beulah lebakna jurang nu patepung jeung jalan deui.

Sawatara waktu ka tukang kungsi urug di Blok Cipadung teu bisa diliwatan pisan. Ayeuna mah geus bisa diliwatan deui.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah