Bupati Bandung Nyayagikeun 334 Personel Jang Ngamankeun Lalulintas & Angkutan Lebaran

- 1 April 2024, 19:31 WIB
Bupati Bandung mingpin apel pagi ASN awal bulan April 2024  sakalian apel gelar pasukan dina raraga pangamanan lalulintas jeung angkutan Lebaran taun 2024 di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senèn, 1April 2024.
Bupati Bandung mingpin apel pagi ASN awal bulan April 2024 sakalian apel gelar pasukan dina raraga pangamanan lalulintas jeung angkutan Lebaran taun 2024 di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senèn, 1April 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Lobana 334 personel pasukan geus disayagikeun jang pangamanan lalulintas jeung angkutan Lebaran. Para personel bieu ti unsur Dinas Perhubungan, Dinas Kesehatan, Badan Penanggulangan Bencana Daerah, Dinas Pemadam Kebakaran, Satuan Polisi Pamong Praja jeung nu liana.

"Arinyana bakal disiagakeun di 9 titik pos pangamanan lalulintas sareng angkutan Lebaran 2024. Kitu deui di perwatesan sareng 2 posko kasalamatan," ceuk Bupati Bandung, Dadang Supriatna.

Kituna tèh ditepikeun Dadang Supriatna basa mingpin apel pagi ASN awal bulan April 2024 di lingkungan Pemkab Bandung sakalian apel gelar pasukan dina raraga pangamanan lalulintas jeung angkutan Lebaran  2024 di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senèn, 1April 2024.

Baca Juga: Bupati Amitan ka Wartawan Rèk Umrah Bari Lebaran di Makah

Iwal ti kasayagian personel, disayagikeun ogè kalengkepanana jeung sajabana. "Engkèna, badè digabungkeun sareng personel TNI - Polri," pokna. Para personel gabungan ceuk Dadang Supriatna bakal disiagakeun di titik kawasan Cileunyi, jalur lalulintas segi tiga emas.

"Ngemutkeun jalur segi tiga emas Cileunyi, tempat padedetna kendaraan nu asal ti Kabupaten Sumedang, Kota Bandung, Garut sareng Tasikmalaya," ceuk Bupati Bandung.

Dadang Supriatna nyebutkeun lalulintas kandaraan di wilayah Kabupaten Bandung, danget ayeuna kabantu ku ayana exit Tol Cisumdawu ti kawasan Cileunyi ka Sumedang jeung Dawuan atawa sabalikna. Teu kajadian padedetna kendaraan di kawasan Cileunyi.

"Ku ayana exit Tol Cisumdawu ngèntèngkeun sareng ngalancarkeun lalulintas. Namung, nu peryogi diperhatoskeun, kendaraan nu lebet ka arah Nagreg," ceuk Dadang Supriatna.

Di kawasan Nagreg ogè , ceuk Dadang geus disiapkeun posko cara sasari.  "Kanggo ngabantos lalulintas kendaraan, naha engkè buka tutup jalurna di jam, di waktu atanapi sapertos kumaha. Engkè diluyukeun sareng mobilisasi kendaraan, boh nu lebet boh nu kaluar," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x