Arus Balik Lebaran 1444 H, Kapolres Majalengka Ngaroris Siapna One Way di jalan Tol Cipali

- 26 April 2023, 06:30 WIB
Polres Majalengka Polda Jabar ngaroris jalur arus balik di Tol Cipali wilayah hukum Polres Majalengka (24/04/2023).
Polres Majalengka Polda Jabar ngaroris jalur arus balik di Tol Cipali wilayah hukum Polres Majalengka (24/04/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA – Mapag arus balik Lebaran 1444 H dina raraga Operasi Ketupat Lodaya 2023, Polres Majalengka Polda Jabar ngaroris jalur arus balik di Tol Cipali wilayah hukum Polres Majalengka (24/04/2023).

Ngaroris jalur arus balik Lebaran 1444 H jalan Tol Cipali dipingpin langsung ku Kepala Polres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K., oge Kabag Sumda Kompol Dadan Sudirman, S.H., M.H.

Lebaran 1444 H jalur Tol Cipali nu diroris ku Kepala Polres Majalengka teh di antarana di hareupeun Km 164 Kabupaten Majalengka. "Ngantisipasi macetna patalimarga sarta ngaroris siapna One Way Jalur Tol katut jalur utama di wilayah Hukum Polres Majalengka," ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K.

Baca Juga: Sastra Sunda (98), Raksa Bumi Kaanjangan Urang Dayeuhluhur, Ngaku Diutus ku Rajana

Puncak arus balik Lebaran 1444 H ngaronjat di poe Salasa nepi ka poe Kemis (25 – 27 April 2023). “Simkuring nginstruksikeun sakumna anggota ngajaga fisik sareng mental,” ceuk Kapolres Majalengka.

Anggota nu ngarasa cape boh fisik boh mental, ceuk Kapolres, reureuh heula, koordinas jeung anggota sejenna. “Unggal anggota masihan informasi arus balik di tiap beat masing masing," ceuk Kapolres Majalengka*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah