Anggota DPRD Kabupaten Bandung Elin Batinna Sugemaeun Lamun Aspirasi Warga Kacumponan

- 22 April 2024, 12:04 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Elin Wati.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Elin Wati. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota DPRD Kabupaten Bandung Elin Wati sugemaeun batinna mun seug aspirasi nu diusulkeun warga masarakat bisa karèlisasi atawa kacumponan.

"Simkuring nu namina anggota DPRD tiasa ngahiji sareng masarakat sapertos dina kagiatan reses, ngawadahan aspirasi, teras aspirasi èta lebet è-pokir lajeng ngawujud atanapi karèalisasi, " ceuk Elin Wati dina lolongkrang Rapat Paripurna Istimewa Milangkala ka 383 Kabupaten Bandung di Gedung DPRD Kabupaten Bandung.

Saenyana, ceuk Elin Wati, mimitina mah teu boga niat jadi anggota DPRD. Ngan, waktu salakina, Amaludin jadi Kepala Desa Cikawao Kecamatan Pacet Kabupaten Bandung inyana mimiti beunta kana politik.

Baca Juga: Kanda 100,8 FM dina Gumebyarna Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, ukur Ngadatangkeun Narasumber Pajabat

Tina lèngkah salakina salila jadi kepala desa 2 periode , 2007 - 2013 jeung 2013 - 2019 Elin Wati loba diajar. Tuluy waktu salakina teu jadi deui. kepala desa, aya sbabaraha hiji partey nawaran Elin Wati pikeun nyalonkeun jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung dina Pemilu taun 2019.

Elin teu langsung narima eta tawaran. Inyana mènta idin ka salakina. Salakina ogè ngarojong Elin pikeun narima tawaran partai nu cocog jeung kahayang salakina: PAN.

Ku dukungan salaki jeung kulawarga, Elin Wati kapilih deui jadi anggota DPRD. Kabupaten Bandung ngawakilan Daerah Pemilihan 6 nu bgawengku Kecamatan Ciparay, Paset, Kertasari, katut Kecanatan Baleendah.

Saperiode jadi anggota DPRD, Elin Wati ditugaskeun partey di Komisi C teu pindah komisi sèjènna.. Dina Pemilu 2024 Elin nyalonken diri deui tur kapilih jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung peride 2024-2029.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x