Teu Luyu jeung Aturan, Mutasi jeung Rotasi Dibatalkeun, Ngariweuhkeun Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung

- 21 April 2024, 12:11 WIB
Nardi Sunardi, camat Ciwidey, salasaurang korban batalna mutasi jeung rotasi di Kabupaten Bandung.
Nardi Sunardi, camat Ciwidey, salasaurang korban batalna mutasi jeung rotasi di Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Nardi Sunardi, SE., M.Si salasahiji ASN Pemda Kabupaten Bandung tina 360 ASN nu dibatalkeun pelantikanana  18 April 2024, satutas dilantik Bupati Bandung 22 Maret 2024.

Nardi dipindahtugaskeun ti Kecamatan Ciwidey ka Kecamatan Margahayu ngaganti Camat Hj. Tati Mulyati, SH., M.Si . Ku dibatalkeunana pelantikan, Nardi balik deui ka Kecamatan Ciwidey.

Ku hal ieu, Nardi ngamandang daèk teu daèk pajabat nu keuna rotasi, mutasi, tur promosi kudu koordinasi jeung komunikasi. Utamana kaitan jeung kaririweuh di satengahing kagiatan Milangkala ka 383 Kabupaten Bandung nu digelar dina Saptu, 20 April jeung poè Ahad, 21 April 2024.

Baca Juga: Bupati Bandung Ngajèntrèkeun Kasang Tukang Batalna ASN 360 Urang Dilantik

"Koordinasi sareng komunikasi penting dilakukeun supados para pajabat nu keuna rotasi tèh uninga wilayahna, atanapi dinasna badè ngayakeun kagiatan naon. Ulah dugi ka urang gaduh hajat ageung tapi kawagel ku kirang komunikasi, " ceuk Nardi dina lolongkrang acara pagelaran wayang golek di Kecamatan Margahayu, Saptu, 20 April 2024 peuting.

Nardi ngaku ngaras syukur tepi ka danget ayeuna teu aya pasualan. Ceuk panitènanana di wilayah, komo deui cenah di Pemda dina palaksanaan kagiatan Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung jeung Hari Kartini ka-145 lumangsung lancar.

Poè Saptu jeung Ahad (20-21/4/2024) acara karnaval, ceuk Nardi saban OPD jeung kecamatan geus nyiapkeun diri. " Sanaos aya rotasi sareng mutasi tapi para kepala OPD, sareng camat luar biasa," pokna.

Nardi ngaku ngarasakeun pisan pentingna koordonasi jeung komunikasi nu jelas jeung rinci. Waktu di Kecamatan Margahayu inyana geus ngayakeun rapat jeung para kepala desa ngabuleudkeun acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung tingkat Kecamatan Margahayu tapi ujug-ujug kudu balik deui ka Ciwidey alatan dibatalkeun palantikan.

Baca Juga: Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung Tingkat Kecamatan Margahayu, Warga Disuguhan Dewi Nurcahya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x