Masih Keneh Loba Salaki Pamajikan Can Boga Surat Nikah, Itsbat Nikah Hari Jadi ke-383 Kabupaten Bandung,

- 20 April 2024, 05:30 WIB
Bupati Bandung masrahkeun akta nikah ka salasaurang warga Dina gebyar istbat nikah di Soreang (19/04/2024)..
Bupati Bandung masrahkeun akta nikah ka salasaurang warga Dina gebyar istbat nikah di Soreang (19/04/2024).. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Lobana 36 pasangan salaki-pamajikan ti 488 pasangan nu geus meunang akta nikah ngaluuhan Gebyar Itsbat Nikah di Gedung Moch Toha Komplek Pemkab Bandung di Soreang, Juma'ah,19 April 2024.

Gebyar Sidang Itsbat Nikah teh minangka runtuyan acara milangkala ka-383 Kabupaten Bandung. Dilaksanakeun hasil rukun gawe antara Dinas Kependudukan dan Pencatatan Sipil (Disdukcapil), Kementerian Agama Kabupaten Bandung katut Pengadilan Agama Soreang.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngaku siap ngaladènan kabutuh pasangan kulawarga nu can mibanda akta nikah pikeun sidang itsbat nikah, mun seug ngaleuwihan tina nu ditargetkeun samèmèhna.

Baca Juga: Ratusan ASN nu Dirotasi-Mutasikeun ku Bupati Bandung, Teu Disaluyuan ku Mendagri, Padahal geus Dilantik

"Sadayana dipasihan gratis kanggo masarakat Kabupaten Bandung supados kenging akta nikah ngalangkungan itsbat nikah," ceuk Dadang Supriatna.

Gebyar sidang itsbat nikah ceuk Dadang Supriatna dilaksanakeun bareng. "Rengsè itsbat nikah, nya rèngsè sakabèh administrasina, susuratanana ogè rèngsè," ceuk Bupati.

Dadang Supriatna ngaku, Itsbat Nikah  diprogramkeun satutas samèmèhna inyana nguriling waktu kampanye di lapangan, singhoreng masih loba nu can biga akta nikah.

Dadang Supriatna miharep ku itsbat nikah teu aya deui masarakat Kabupaten Bandung nu teu ngabogaan akta nikah jeung pertikahanana teu tercatat di Kementrian Agama Kabupaten Bandung.

Pamarèntah Kabupaten Bandung, ceuk Dadang Supriatna nargètkeun 1000 pasangan sidang Itsbat Nikah Terpadu.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x