Apel Munggaran Satutas Perè Lebaran 1445 H/2024 M, ASN Pemkab Bandung 98,2 Persen Hadir

- 16 April 2024, 14:06 WIB
Wakil Bupati Bandung, Sahrul Gunawan, ngajak sasalaman jeung ASN sanggeus apel Munggaran sarengsena libur  Lebaran 1445 H (16/04/2024).
Wakil Bupati Bandung, Sahrul Gunawan, ngajak sasalaman jeung ASN sanggeus apel Munggaran sarengsena libur Lebaran 1445 H (16/04/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Lobana 2.057 ASN (Aparatur Sipil Negara) di auban Pemkab Bandung milua  dina apel nungggaran pasca libur Hari Raya Idul Fitri 1 Syawal 1445 Hijriah/2024 M di Lapangan Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Salasa, 16 April 2024, isiuk-Isuk.

Ngawakilan Bupati Bandung, Dadang Supriatna Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan jadi inspektur upacara dina apel ieu munggaran.

Sahrul nètèlakeun, apèl munggaran satutas perè lebaran 1445 H , sajumlah 98,2 persen ASN Pemkab Bandung arasup ka kantorna sewang-sewangan.

Baca Juga: Sahrul Gunawan rek Dicalonkeun Bupati Bandung, Elektabilitasna Hade, Dadang Supriatna Kumaha?

Jumlah bieu ceuk Sahrul tina nu wajib datang 2.092 ASN di lingkungan Pemkab Bandung, 36 ASN nu teu asup lantaran WFH (Work From Home) jeung di antarana aya nu gering.

Sahrul meunteun para ASN di Pemkab Bandung danget ayeuna alus tut diisiplin dina ngalaksanakeun tugas jeung kawajibanana.

"Para ASN Pemkab Bandung disiplin waktosna, cukup saè. Anu 36 ASN WFH tur di antawisna aya nu teu damang," ceuk Sahrul.

Sahrul balaka pihakna baris taat kana aturan nu dikaluarkeun ku Kementerian Pendayagunaan Aparatur Negara dan Reformasi Birokrasi RI patalina WFH jang para ASN tanggal 16-17 April 2024.

"Tumut aturan sareng kawijakan. Para ASN Kabupaten Bandung katiten disiplin jeung mayoritas  asup gawe. Nu teu asup WFH jeung  teu damang dina poè munggaran gawè," ceuk Sahrul. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x