Ngalongok Korban Kahuruan di Dayeuhkol Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan Masrahkeun Bantuan

- 18 Desember 2023, 20:30 WIB
Wakil Bupati Bandung H. Sahrul Gunawan, SE, ngalongok korban kahuruan di Lembur Babakan Leuwi Bandung RT 06 RW 03 Desa Citeureup, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, Senèn (18/12/2023).
Wakil Bupati Bandung H. Sahrul Gunawan, SE, ngalongok korban kahuruan di Lembur Babakan Leuwi Bandung RT 06 RW 03 Desa Citeureup, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, Senèn (18/12/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Wakil Bupati Bandung H. Sahrul Gunawan, SE, ngalongok korban kahuruan di Lembur Babakan Leuwi Bandung RT 06 RW 03 Desa Citeureup, Kecamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, Senèn 18 Desember 2023.

Kajadian kahuruan poè Rebo, 13 Desember 2023,  tumiba ka opat imah warga. Salasahijina imah Ketua RT satempat, kulawarga Asep jeung Siti.

Iwal ti mèrè sembako Sahrul Gunawan ogè mèrè duit ka para korban, jeung warg nu keuna balukar èta bahla.

Baca Juga: Ngungkab Misteri Rawa Onom jeung Pulo Majeti di Kota Banjar Jawa Barat

"Simkuring ngiring prihatin kana musibah nu tumiba ka warga di Lembur Babakan Leuwi Bandung. Mugia kulawarga nu keuna balukar dipasihan katabahan sareng kasabaran," ceuk Sahrul Gunawan.

Sahrul Gunawan ngingetan ka masarakat sangkan teu welèh ati-ati ngagunakeun listrik, jeung teu welèh waspada kana bahla kehuruan.

"Hayu urang sami-sani ngajagin kaamanan sareng kasalametan diri tur lingkungan. Salasawiosna ku teu welèh taki-taki dina ngagunakeun listrik," ceuk Sahrul Gunawan.

Ngaronghèapna Wakil Bupati Bandung dibagèakeun warga satempat. Arinyana nganuhunkeun kana bantuan ti Pamarètah Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah