SPM Kabupaten Bandung Pangluhurna di Jawa Barat

- 18 Desember 2023, 19:27 WIB
Sekretaris Daerah Kabupaten Bandung, Cakra Amiyana.
Sekretaris Daerah Kabupaten Bandung, Cakra Amiyana. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kabupaten Bandung punjul dina  standar pelayanan minimal (SPM) nyanghareupan panutupan taun 2023. Dumasar progres capaian keberhasilan input pelaporan SPM (E-SPM), Kabupaten Bandung  input 94,9%.

Tina kituna Kabupaten Bandung jadi kabupaten nu input pelaporan pangluhurna di antara 26 kabupaten kota sèjènna di Jawa Barat.

Tina 6 widang nu kudu dilaporkeun Kabupaten Bandung nepi kana 100% di saban wiidang. Dina periode triwulan ka-4 taun ieu di widang pendidikan, sosial, pekerjaan umum, perumahan rakyat, jeung katartiban umum katut panyalindungan masarakat geus tepi kana pelaporan 100%, ngan keur  keur SPM di widang kasehatan aya dina angka 98,67%.

Baca Juga: Muka Kejuaraan Multievent Disabilitas Bupati Cup 2023 Dadang Supriatna Nyumangetan Para Atlet

Sekretaris Daerah Kabupaten Bandung, Cakra Amiyana nganuhunkeun ka sakumna pihak nu aub dina pelaporan SPM.Ieu teh hasil gawè bareng jeung sakumna pamangku kawijakan.

“Kahontalna pangrarap SPM nu luhur  hasil kolaborasi sareng sinergitas sakumba pamangku kawijakan, kalebet tim panerapan SPM jeung perangkat daerah dina  urusan wajib pelayanan dasar,” ceuk Cakra Amiyana, Senen 18 Desember 2023.

Ceuk Cakra, sinergitas jeung kolaborasi jadi konci penting sangkan panerapan SPM nu geus alus jadi leuwih alus pisan.

Asisten Pemerintahan dan Kesejahteraan Rakyat Kabupaten Bandung, Ruli Hadiana nambahkeun, realisasi input SPM geus luyu jeung amanat Permendagri Nomer
59 Taun 2021:  pamarèntah daerah wajib ngalaporkeun penerapan SPM sacara berkala saban triwulan.

Panerapan SPM dina ngalaksanakeun urusan wajib palayanan dasar ka masarakat, ceuk Ruli geus luyu jeung arahan Bupati Bandung, Dadang Supriatna nu mibanda perhatian klhusus kana ieu pasualan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah