GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, dileler pangajèn Muhammadiyah Award dina runtuyan Semarak Milad Muhammadiyah ka 111 Tingkat Provinsi Jawa Barat nu digelar di
Gedong Budaya Soreang, Kabupaten Bandung, Saptu, 16 Desember 2023.
Dadang Supriatna nganuhunkeun ka pupuhu Wilayah Muhammadiyah Jawa Barat katut sakumns tamu undangan.
"Hiji kabungah simkuring tiasa aya di Muhammadiyah Jawa Barat dina Muhammadiyah Award sareng dina raraga Milad Muhammadiyah ka-111 Tingkat Jawa Barat," ceuk Bupati Bandung.
Baca Juga: Miéling Bakti PU ka-78, Bupati Bandung Apresiasi Kinerja DPUTR
Sacara pribadi jeung Pamarèntah Kabupaten Bandung, Dadang Supriatna ngabagèakeun kana Milad Muhammadiyah ka-111.
"Yuswa nu tos asak. Muhammadiyah teu weleh masihan kontribusi ka Indonesia, ti puluhan taun sateuacan bangsa Indonesia ieu merdeka," pokna.
Dadang Supriatna nagnuhunkeun kana pangajèn ka Kabupaten Bandung, tur miharep Muhammadiyah tetep jadi cahaya Islam.
"Muhammadiyah tiasa ngaronjatkeun motivasi sareng etos kerja hususna kanggo simkuring, supados langkung iatna damel dina neraskeun babakti kanggo Kabupaten Bandung nu mingkin Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis sareng Sejahtera (Bedas)," pokna.
Ieu acara diluuhan ku Menteri Koordinator Bidang Pembangunan Manusia dan Kebudayaan Indonesia
Muhadjir Effendy, Pupuhu Wilayah Muhammadiyah, Ahmad Dahlan katut pangurus.