Dina Bedas Ngaleuweung IV Bupati Bandung Nyarèk Lahan Hèjo Dijadikeun Paimahan

- 10 Desember 2023, 17:49 WIB
Dina Bedas Ngaleuweung, Saptu peuting, 9 Desember 2023, Bupati Bandung nyaran lahan hejo dipake paimahan.
Dina Bedas Ngaleuweung, Saptu peuting, 9 Desember 2023, Bupati Bandung nyaran lahan hejo dipake paimahan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngagelar Bedas Ngaleuweung IV di kawasan Wana Wisata Batu Kuda Desa Cibiru Wetan Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung, Saptu, 9 Desember 2023 peuting.

Dina kagiatan Bedas Ngaleuweung IV Bupati Bandung masrahkeun saniskara pangajèn patali jeung lingkungan, di antarana Program Kampung Iklim (Proklim) utama, salasahijina Dusun Sukamaju, Desa Sukapura, Kecamatan Kertasari, Kabupaten Bandung.

Pangajèn lianna pikeun camat minangka Pembina Proklim, Sekolah Adiwiyata, Inspirasi Bersih, Inspirasi Hijau, tur Penanam Teraktif Individu dan Kelompok.

Baca Juga: Dina Raraga HMPI di Kabupaten Bandung dipelak 30.000 Tangkal

Dina kagiatan Bedas Ngaleuweung IV digelar Launching Instruksi Bupati Bandung No. 5 Tahun 2023 ngeunaan Gerakan Penurunan Emisi Gas Rumah Kaca dina raraga ngungkulan parobahan Iklim.

Bagean tina runtuyan Bedas Ngaleuweung digelar Talkshow Pengembangan Taman Kehati Tangga Seribu . Nu jadi narasumberna Bupati Bandung, Ahli Ekologi, Adm. KPH Bandung Utara Perhutani, Kapala Desa Cibiru Wetan, Kepala Desa Cileunyi Kulon, jeung Komunitas Sadawana.

Dina talksbow  Dadang Supriatna umajak ka masarakat sangkan iatna sabab danget ieu geus usum ngijih.

Bupati umajak ka para aktivis lingkungan nalingakeun lahan hèjo ulah tepikeun ka dipaksakeun dijadikeun kawasan paimahan. "Pami seug kajadian ngarumpak palenggeran laporkeun ka simkuring," pokna.

Bupati Bandung ngelingan ka masarakat ulah gepikeun ka melak sayuran dina lahan miring jeung lahan gawir, sabab lahan miring jeung gawir kuduna dipelakan tangkal kai, awi, jeung sajabana.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah