Dina Raraga HMPI di Kabupaten Bandung dipelak 30.000 Tangkal

- 10 Desember 2023, 15:36 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Kadis LH Asep Kusumah melak tangkal dina raraga HMPI 2023 (10/12/2023).
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Kadis LH Asep Kusumah melak tangkal dina raraga HMPI 2023 (10/12/2023). /Sopandi/galura.co.id.

GALURA.CO.ID -Dina raraga Hari Menanam Pohon Indonesia (HMPI) taun 2023, Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngintruksikeun ka sakum rèngrèngan steakolder di lingkungan Pemkab Bandung, para camat, kepala desa kitu deui  sakola sangkan melak binih tatangkalan di wilayahna sèwang-sèwang.

Aya 30.000 binih tatangkalan dipelak bareng di wilayah  Kabupaten Bandung dina ngeusian HMPI taun ayeuna. 

Bupati Bandung Dadang Dadang Supriatna dibarengan Kepala Dinas Lingkungan Hidup Kabupaten Bandung Asep Kusumah, para aktivis lingkungan katut pihak sèjènna, mitembeyan melak tangkal di lelewek cai nyusu Panguyangan Badak kawasan Wana Wisata Batu Kuda Desa Cibiru Wetan Kecamatan Cileunyi Kabupaten Bandung, Ahad, 10 Desember 2023.

Baca Juga: Riung Mungpulung Forum Silaturahmi Sadudulur Cilokotot Leuwih Mageuhkeun Tali Silaturahmi

Ieu kagiatan diiluan ku sakumna pihak sakumaha nu diintruksikan Bupati Bandung, kalawan katiten Bupati Bandung jeung Kepala DLH Kabupaten Bandung tina interaktif liwat daring.

Binih tatangkalan nu dipelak di antarna kayu manis, alpuket, jeruk, duren, katut jenis tangkal produktif sèjènna.

"Mugia ku melak  binih tafangkalan, urang tiasa ngamumule sareng miara  lingkungan. Mun lingkungan ditangtayungan,  lingkungan Oge nangtayungan urang," ceuk Bupati Bandung.

Bupati Bandung nyebutkeun  urang muara lingkungan, supaya lingkungan miara urang. "Ieu amalan nu kedah ku urang dilaksanakan," ceuk Bupati Dadang Supriatna satutas melak tangkal.*** Sopadi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah