Iwa K Brata, Ancrub kana Pulitik, Geus Waktuna Balik ka Kampung

- 9 Desember 2023, 20:10 WIB
Iawa Kuswara
Iawa Kuswara /

GALURA.CO.ID -Dina 14 Februari 2024 digelar Pemilu  keur milih wakil rayat di kabupaten, kota, provinsi, pusat, jeung anggota DPD. Pemilu 2024 dibarengkeun jeung Pilpres, milih presiden jeung wakilpresiden.

Luyu jeung  tahapan Pemilu 2024, awal November 2023, KPU netepkeun Daftar Calon Tetap (DCT) calon legislatif keur kabupaten, kota, provinsi, jeung keur pusat.  Kitu deui pasangan capres jeung cawapres.

Samemeh waktuna kampanye, para calon legislatif (caleg), boh incumbent boh nu karek munggaran jadi caleg, geus sosialisasi ka daerah pemilihan (dapil) sewang-sewangan. Malah memasang baliho jeung spanduk di tempat-tempat strategis.

Sosialisasi  jeung kampanye nu dipilampah ku Iwa Kuswara, salasaurang caleg DPRD Kabupaten Bandung di Dapil 1 nomer  1 beda jeung caleg-caleg sejenna. Iwa Kuswara nu nyaleg make payung Partai Gelora, sosialisasina ku cara ngalaksanakeun  kagiatan pelatihan nu basina kreatif. 

Pelatihan nu geus dilaksanakeun: Pelatihan Produksi Film Pendek, Pemeranan (acting), Desain Grafis, Kemasan, Sablon jeung Digital Marketing. Narasumberna Iwa Kuswara sorangan nu memang geus lila ancrub dina dunya kreatif.

Pelatihan perfilman jeung pemeranan husus keur narik kaum milenial, pamilonna ti desa-desa di Kecamatan Ciwidey  jeung Kecamatan Pasirjamabu. Dilaksanakan di Kampung Lebakwangi Desa Panundaan bulan Mei 2023.

Minangka tanda perhatianana kana kamajuan UMKM hususna di Dapil 1, Iwa Kuswara ngagelar “Workshop Redesign Logo dan Packaging” keur UMKM Kabupaten Bandung. Tujuanana ngadesain deui logo jeung kemasan. UMKM anu tacan bogaeun logo jeung kemasan  dipangnyieunkeun.

Ieu kagaitan diiluan ku 50 UMKM Kabupaten Bandung bulan Oktober 2023.  Iwa miharep sakumna UMKM mibanda logo jeung kemasan kreatif sarta informatif  supaya mibanda daya saeng nu hade.

Iwa Kuswara oge ngajurung karang taruna di Desa Panundaan Kecamatan Ciwidey aktif jadi Creativeprenur. Salasahijina ngadegkeun usaha produksi “Sale Basah” nu dijieun tina cau sarta dipasarkeun dina market place.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah