Bupati Bandung Ngalaunching Aplikasi Silancar Bedas jeung i-Bandungkab

- 12 Desember 2023, 17:06 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngalaunching Aplikasi Sikancar  Bedas jeung i-bandungkab, Salasa, 12 Desember 2023.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngalaunching Aplikasi Sikancar Bedas jeung i-bandungkab, Salasa, 12 Desember 2023. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngalaunching Sistem Informasi Layanan Cepat Arsip (Silancar) Bedas, i-bandungkab jeung masrahkeun motor baca (torca) Dispusip keur 15 kecamatan di Depo Arsip Kabupaten Bandung, Kompleks Pemkab Bandung, Salasa, 12 Desember 2023.

Aplikasi Silancar Bedas tèh hiji aplikasi nu bisa dimangpaatkeun perangkat daerah, pamarèntah kecamatan, desa tur masarakat umum sangkan babari nèangan jeung ngadokumentasikeun arsip secara digital.

Ari apliaksi i-bandungkab hiji aplikasi titincakanana media sosial nu bisa ngèntèngkeun masarakat dina ngakses bahan bacaan atawa buku sacara online.

Baca Juga: Hakordia 2023, Inspektorat Kabupaten Bandung Gelar Lomba Literasi, Numuwuhkeun Anti Korupsi ti Leuleutik

Iwal ti kitu, ku ieu aplikasi masrakat atawa nu ngagunakeun aplikasi bisa interaksi, saling tukeur rekomendasi buku, ngobrol jeung silipikawanoh jeung papada nu ngagubakeun aplikasi.

Bupati Bandung nu dibarengan Bunda Literasi Kabupaten Bandung, Emma Dety Dadang Supriatna, ngaapresiasi Kepala Dinas Perpustakaan dan Arsip (Dispusip) Kabupaten Bandung Teguh Purwayadi jeung rèngrènganana nu geus ngapungkeun Silancar Bedas jeung i-bandungkab.

"Ieu tèh wujud dicumponana akselerasi transformasi digital dina raraga ngaronjatkeun pangladèn ka masarakat, hususna ngagampilkeun akses dina milari informasi penting arsip sareng layanan perpustakaan secara digital," ceuk Bupati dina lolongkrang acara.

Bupati Bandung miharep para perangkat daerah jeung pamarèntah desa bisa ngamangpaatkeun aplikasi bieu.

Layanan digital, ceuk Bupati, kiwari geus lain pilihan, tapi kabutuhan. Ku kituna layanan digital  aplikasi Silancar Bedas jeung i-bandungkab bisa ngalancarkeun transformasi digital di lingkungan Pemkab Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah