Ketua DPD LPM Kabupaten Bandung, Sahrul Gunawan Nutup Acara Famili Gathering di Bumi Perkemahan Gunung Puntang

- 11 Desember 2023, 09:57 WIB
Syahrul Gunawan
Syahrul Gunawan /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kana 160 desa tina total 270 desa di Kabupaten Bandung aub kana Famili Gathering di Bumi Perkemahan Gunung Puntang Blok C 1, Lembur Gamblok, Desa Cimaung, Kecamatan Banjaran, Kabupaten Bandung, salila dua poe, 8- 9 Desember 2023.

Ketua DPD LPM Kabupaten Bandung, Sahrul Gunawan, hadir dina puncak acara. Inyana nètèlakeun. Tujuan ieu kagiatan ngipuk sumanget babarengan papada anggota, sakaligus ngadukung jeung ngarojong kunjungan ka destinasi wisata lokal.

Dina panutup acara ogè diayakeun diskusi nyawalakeun program-program nu baris dilarapkeun jang kamajuan LPM ka heruup.

Sahrul Gunawan ogè neueulkeun pentingna meunangkeun informasi aktual ti lapangan sangkan evaluasi ka hareupna bisa dilakukeun pikeun kamajuan Kabupaten Bandung.

Ceuk Sahrul, minat masarakat datang ka destinasi wisata lokal kacida gedè pangaruhna kana pqngwangunan sektor pariwisata, kaasup sumbangan kana Pendapatan Asli Daerah (PAD) tina retribusi jeung sektor sèjènna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah