Di Sakola, Caleg DPR RI Lucky Richard Leuwih Ngawanohkeun Diri di Rancaèkek Kabupaten Bandung

- 11 Desember 2023, 06:56 WIB
Lucky Richard Chasmaran ngagelar deklarasi jeung sosialisasi pkeun leuwih ngawanohkeun diri di Ballroom lante 3 Kampus SMP SMK Skye Digipreuneur (10/11/2023).
Lucky Richard Chasmaran ngagelar deklarasi jeung sosialisasi pkeun leuwih ngawanohkeun diri di Ballroom lante 3 Kampus SMP SMK Skye Digipreuneur (10/11/2023). /Sopandi/

GALURA.CO.ID -Calon Legislatif DPR RI ti Daerah Pemilihan (Dapil) Jabar II, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Bandung Barat, Lucky Richard Chasmaran ngagelar deklarasi jeung sosialisasi pkeun leuwih ngawanohkeun diri di Ballroom lante 3 Kampus SMP SMK Skye Digipreuneur, Jalan Walini No 24, Desa Bojongloa Kecamatan Rancaekek Kabupaten Bandung, Ahad 10 Desember 2023.

Lucky nganuhunkeun ka warga nu geus ngadukung acara deklarasi jeung sosialisasi, kaasup ka 158 RW jeung 542 Kordinator TPS.

Lucky meredih dukungan warga ku datang ka TPS tanggal 14 Pebruari 2024 engkè, bari nyoblos dirina nomer urut 10 ti Partai Golkar DPR RI.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Lucky ogè ngingetan relawanna ulah masang alat peraga kampanye dina tatangkalan. Dirina miharep nu ngadukungna tetep guyub di lapangan.

Ketua Tim Pemenangan Lucky, Deden D Nugraha nètèlakeun, ku ayana ieu kagiatan, yakin Lucky bisa ngajadi anggota DPR RI

Deden umajak ka nu ngarijong Lucky sangkan terus nerjuangkeun Lucky. Hal nu sarua ditepikeun ogè ku H. Ade Bubun Susanto, Korcam Rancaekek, Tadjudin SE Ketua KSPN kabupaten Bandung katut Evan linx vanxlinx Koord Dapil 4. Arinyana yakin lucky bisa jadi wawakil Rancaekek.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x