Dialog Capres 2024 jeung PWI, Ganjar Pranowo: ‘Pers Kiwari keur Teu Sehat’

- 2 Desember 2023, 19:27 WIB
Ganjar Pranowo dirubung ku para wartawan waktu nohonan pangogan PWI dina acara “Dialog Capres-Cawapres dengan Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Pusat”, di Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih, Jakarta Pusat, Kemis (30/11/2023).*
Ganjar Pranowo dirubung ku para wartawan waktu nohonan pangogan PWI dina acara “Dialog Capres-Cawapres dengan Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Pusat”, di Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih, Jakarta Pusat, Kemis (30/11/2023).* /Dok. PWI Pusat/Galura/

GALURA.CO.ID. - Calon presiden (capres) nomer 3 Ganjar Pranowo nohonan pangogan PWI Pusat pikeun ngaluuhan acara “Dialog Capres 2024 bersama Persatuan Wartawan Indonesia (PWI)”. Éta acara mangrupa runtuyan kagiatan Hari Pers Nasional (HPN) 2024, anu puncakna baris lumangsung 9 Februari 2024 di Taman Impian Jaya Ancol, Jakarta.

Datangna Ganjar Pranowo jeung rombongan langsung dibagéakeun ku Ketua Umum PWI Pusat, Hendry Ch Bangun jeung Sekjen PWI Pusat, Sayid Iskandarsyah di Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih, Jakarta Pusat, Kemis (30/11/2023).

Dina éta acara anu dimoderatoran ku Uni Lubis, Wakil Ketua Dewan Kehormatan PWI téh, hadir ogé réngréngan pangurus jeung inohong PWI Pusat katut para pamingpin redaksi ti sababaraha media massa. Iwal ti luring, format acarana dikonsep sacara hybrid jeung daring.

Baca Juga: 4 Tahun PRMN, galura.co.id: Ekosistem PRMN Leuwih Hirup bari jeung Huripna

Hendry Ch Bangun nyebutkeun, PWI Pusat ngogan sakabéh capres jeung cawapres dina runtuyan kagiatan HPN 2024. Salian ti capres-cawapres nomer 3, Ganjar Pranowo-Mahfud MD, PWI Pusat ogé méré panggung ka capres-cawapres séjénna, nyaéta Anies Baswedan-Muhaimin Iskandar nomer 1, katut Prabowo Subianto-Gibran Rakabuming Raka nomer 2 pikeun nepikeun langsung visi misi katut gagasan patali jeung isu kabebasan pers, pangrojongna dina kamajuan kahirupan pers di nagara urang, sarta karaharjaan wartawan.

Sanajan hasil undian Komisi Pemilihan Umum (KPU) meunang nomer urut 3, Ganjar muncul kahiji dina acara PWI lantaran ieu Gubernur Jawa Tengah manten salila dua periode (23 Agustus 2013 - 5 September 2023) téh, capres nu mimiti ngasongkeun kasayagianana pikeun hadir dina éta pangogan.

Ganjar Pranowo nohonan pangogan PWI Pusat pikeun ngaluuhan acara “Dialog Capres-Cawapres dengan Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Pusat”, di Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih, Jakarta Pusat, Kemis (30/11/2023).*
Ganjar Pranowo nohonan pangogan PWI Pusat pikeun ngaluuhan acara “Dialog Capres-Cawapres dengan Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Pusat”, di Gedung Dewan Pers, Kebon Sirih, Jakarta Pusat, Kemis (30/11/2023).*
 

Ormas jadi wartawan

Dina poé katilu kampanyeuna, Ganjar ngungkabkeun kacida bungahna meunang kasempetan bisa panggih tur dialog langsung jeung PWI, anu dihadiran ku sakumna wartawan senior jeung junior. Ieu Gubernur Jawa Tengah manten téh nyebutkeun, peran pers téh kacida pentingna dina nepikeun/ngasongkeun informasi ka masarakat sacara akurat tur bener.

“Ayeuna media dibagi jadi dua golongan. Media sosial sareng media mainstream. Media sosial nyayagikeun informasi tanpa etika jurnalistik tur kapotong-potong dugi ka informasi anu katampi ku masarakat téh jadi bengkok. Tah, pancén media mainstream ieu nu kedah ngalempengkeun informasi anu béngkok téa ka masarakat ku informasi anu saé tur leres," ceuk Ganjar Pranowo.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x