Pemilu Damai 2024, Ketua PWI Jawa Barat Umajak ka Wartawan pikeun Nyegah Hoaks

- 21 November 2023, 05:00 WIB
Hilman Hidayat jeung réngréngan pangurus PWI Jawa Barat.*
Hilman Hidayat jeung réngréngan pangurus PWI Jawa Barat.* /Rosyid EA/Galura/

GALURA.CO.ID. - Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jawa Barat, Hilman Hidayat, umajak ka wartawan pikeun ngawujudkeun Pemilu Damai 2024 kalawan mertahankeun sikep netral tur ngajungjung martabat profesi wartawan.

Profesi wartawan minangka pilar kaopat demokrasi, cenah, boga peran nu penting dina lumangsungna jeung suksesna proses demokrasi Pemilu 2024.

"Wartawan ngagaduhan peran anu penting dina ngawujudkeun Pemilu Damai 2024. Ayana  wartawan téh leres-leres diperyogikeun kanggo ngadugikeun informasi anu leres di tengah ceuyahna  informasi hoaks sareng berita bohong anu gampil sumebarna nalika lumangsungna hajatan demokrasi," ceuk Hilman.

Baca Juga: Hanyen Tenggono, Ngawanohkeun Budaya Tatanen ka Mojang Jajaka Kuningan

Nurutkeun Hilman, sumebarna informasi hoaks jeung warta palsu (berita bohong) téh ngabalukarkeun kahariwang jeung marudahna masarakat. Ku kituna, Hilman umajak ka sakumna wartawan pikeun nepikeun informasi luyu jeung kode etik sarta ngalelempeng informasi hoaks jeung warta palsu, sangkan Pemilu Damai 2024 bisa ngawujud.

Hilman ngawanti-wanti ka anggotana sangkan ngajaga sikep netral tur independen dina Pemilu 2024 nu bakal datang.

“Sim kuring miharep pisan, dina proses Pemilu 2024, wartawan kedah salawasna ngajaga netralitas,” ceuk Hilman.

Hilman gé negeskeun, yén pangurus PWI anu nyalonkeun dirina jadi anggota DPR, DPRD, atawa DPD kudu ngundurkeun diri tina kapangurusan PWI, tanpa leungiteun hakna jadi anggota PWI.

Baca Juga: Umurna geus meh Saabad, Teu Kungsi Kasab Sèjèn Abah Ahmad Solèh 50 Taun Dagang Gulali

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x