Tb Hasanuddin Siap Bajuang keur Ganjar Pranowo For Presiden RI Taun 2024

- 10 Oktober 2023, 15:15 WIB
Tb Hasanudin milu ngaluuhan Deklarasi Dukungan Relawan Laskar Majalengka, nu digelar Lingkar Setia Karna (Laskar), Saptu (08/10/2023).
Tb Hasanudin milu ngaluuhan Deklarasi Dukungan Relawan Laskar Majalengka, nu digelar Lingkar Setia Karna (Laskar), Saptu (08/10/2023). /Ayank R Sambara/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Mayjend (Purn) Tb Hasanudin milu ngaluuhan Deklarasi Dukungan Relawan Laskar Majalengka, nu digelar Lingkar Setia Karna (Laskar), Saptu (08/10/2023) di Majalengka. Harita Relawan Laskar ngadeklarasikeun rojongan keur opat kandidat nu maju dina pilpres, pileg jeung pilkada.

Anu dirojong ku Laskar teh: H. Ganjar Pranowo, S.H., M.I.P., keur Presiden RI taun 2024, Tb Hasanuddin pikeun anggota DPR RI, Dr. Hj. Ineu Purwadewi Sundari, S.Sos., M.M., pikeun anggota DPRD Provinsi Jawa Barat, jeung Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., pikeun Bupati Majalengka entragan ka-2.

Tb Hasanuddin dina eta kasempetan nyebutkeun siap ngameunangkeun Ganjar Pranowo for Presiden RI 2024 jeung Karna Sobahi pikeun Bupati Majalengka entragan ka-2.

“Presiden Joko Widodo tacan aya nu tiasa nyaingan kamampuhna, salian ti Ganjar Pranowo,” ceuk Tb Hasanuddin.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir


Disebutkeun Tb Hasanuddin, kapasitas kamampuh Ganjar Pranowo geus teu bisa dimomorekeun deui, salian kungsi ngajabat Gubernur Jawa Tengah salila 2 entragan. "Anjeunna oge kantos janten anggota DPRD Provinsi Jawa Tengah ti Fraksi PDI-P salami 2 entragan," ceuk Tb Hasanuddin.


Pikeun kapamingpinan Bupati di Kabupaten Majalengka, Tb Hasanuddin nu kiwari masih jadi anggota DPR RI ti Fraksi PDI-P, geus siap ngarojong Karna Sobahi pikeun jadi bupati nu kadua kalina.

“Ti maju nu munggaran, simkuring tos ngarojong Karna Sobahi. Simkuring harita ngadu’a anjeunna unggul deui, alhamdulillah janten. Kiwari kangge kadua kalina simkuring siap ngarojong deui. Sarengsena dua periode ngajabat Bupati, saterasna dirojong kangge janten Gubernur Jawa Barat,” ceuk Tb Hasanuddin.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x