Bupati Bandung Masrahkeun Bantuan Torca keur Ngaronjatkeun Minat Maca

- 12 Desember 2023, 18:00 WIB
Motor baca (torca) bantuan ti Bupati Bandung keur ngaronjatkeun minat baca.
Motor baca (torca) bantuan ti Bupati Bandung keur ngaronjatkeun minat baca. /Soapndi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, masrahkeun bantuan 15 unit kandaraan roda tilu Torca (motor baca), jeung waragad operasiaonalna Rp 30 juta sakacamatan. Ieu bantuan rahap kahiji keur 15 kecamatan di Kabupaten Bandung. 

"Torca  mawa misi penting: nyengker angka putus sakola, ngirangan pernikahan dini, tur nebihkeun murangkalih tina kegiatan negatip. Engkè bukuna tiasa dilengkepan tina wakaf buku masarakat," ceuk Bupati Bandung dina lolongkrang acara pamasrahan Torca di Depo Arsip Dispusip Kabupaten Bandung, Salasa, 12 Desember 2023

Saban Torca  baris nguriling ka lembur-lembur pikeun ngaronjatkeun minat maca masarakat utamana barudak. Torca kawas parpustakaan keliling, ngan aweuhanana leuwih lega sabab bisa asup ka gang-gang heureut nu teu kahontal ku mobil perpustakaan keliling.

Baca Juga: Bupati Bandung Ngalaunching Aplikasi Silancar Bedas jeung i-Bandungkab

"Simkuring nitip, Torca ulah dugi ka ukur janten hiasan. Ulah ngajugrug di kaantor kacamatan, tapi kedah dioperasionalkeun kanggo numuwuhkeun minat baca mururangjalih," ceuk Bupati Bandung.

"Punten rumat motorna, insha Allah Januari engke (2024) simkuring mèsèr deui 16 Torca kanggo 16 kacamatan nu teu acan kabagèan, sareng waragad operasionalna," pokna deui. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah