Sawah di Sabudeureun Kantor Pemkab Bandung Teuing Saha nu Bogana

- 16 Desember 2023, 19:45 WIB
Sawah nu kari sacangkèwok kaèrèd ku pangwangunan di Soreang, Kabupaten Bandung, sawahna lain bogana patani..
Sawah nu kari sacangkèwok kaèrèd ku pangwangunan di Soreang, Kabupaten Bandung, sawahna lain bogana patani.. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Saban aya nu derap di sawah sabudeureun komplek Kantor Pemda Kabupaten Bandung sok panasaran hayang nanya parè naon nu keur dipanenna, lantaran bèas Soreang kawentar alus, pulen jeung seungit.

Saptu, 16 Desember 2023 aya sababaraha urang keur derep di sawah nu teu jauh ti Kantor Pengadilan Agama. Kokolot nu keur derep tèh ngarana Cece, urang Lembur Cimonce, Desa Sukajadi, Kecamatan Soreang.

Ceuk Cece, lain nu manèhna èta sawah tèh. Inyana ukur derep 5 kotak sawah rurubungan ku salapan urang, hasilna diparo teuing sakumaha perbandunganana.

Baca Juga: Emma Dety: Marimar, Inovasi Dispusip Kabupaten Bandung keur Ngokolakeun Arsip Kulawarga

Cece teu apaleun parè naon jeung saha nu boga sawahna. Inyana saparakanca ukur derep ti sawah nu dikokolakeun ku salasaurang nu ogè lain nu boga sawah èta, tapi cenah kapercayaan nu boga sawah, atawa teuing nyèwa.

Tina ublug-ablag sawah di Soreang, ayeuna geus kaèrèd ku jugjelgna wangunan, jalan tol jeung hotel. Kungsi sawatara taun ka tukang Menteri Pertanian RI Andi Amran Sulaiman  panen raya cenah mah, di lahan teu jauh ti tempat Cece derep. Cenah mah sawah èta tèh nu patani binaan Kodim.

Rebo, 6 Desember 2023, Andi Amran tandur di Kecamatan Kutawaringin, sababaraha kilometer ti temapat waktu harita inyana panen raya.

Tina dua leuleutakanana Menteri Pertanian, asa teu kedal kumaha ngungkulan alih pungsi lahan nu bakal ngabalukarkeun turunna produksi paré.

Baca Juga: Miara Kaarifan Lokal, Ayip Sutrisno : Perlu Komunitas Kamanusaan Anu Tanggoh

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah