Miara Kaarifan Lokal, Ayip Sutrisno : Perlu Komunitas Kamanusaan Anu Tanggoh

- 12 Desember 2023, 20:39 WIB
Sekretaris BPBD Kabupaten Kuningan, Ayip Sutrisno.*
Sekretaris BPBD Kabupaten Kuningan, Ayip Sutrisno.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Pikeun anu biasa ilubiung ngungkulan musibat alam, kawas relawan bencana alam, patugas BPBD tangtu mikawanoh anu disebut pencegahan jeung mitigasi bencana.

Ceuk Sekretaris Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Kuningan, Ayip Sutrisno, pencegahan bencana teh nyaeta runtuyan kagiatan anu dilakonan pikeun ngurangan atawa ngaleungitkeun risiko bencana.

Baca Juga: Sayaga Nyanghareupan Musibat Alam, Iip Hidajat : Tumuwuhkeun Deui Kaarifan Lokal

Kituna teh boh ngaliwatan ngurangan ancaman bencana boh ngurangan lolongkrang pihak anu kaancam bencana.

Ari mitigasi bencana, ceuk Ayip, nyaeta runtuyan tarekah pikeun ngurangan risiko bencana, ngahudang kasadaran jeung kamampuh masarakat dina nyanghareupan musibat alam.

Baca Juga: Mangfaat Walungan Surakatiga, Camat Kuningan : Dipiara Sangkan Teu Jadi Mamala

Dina mitigasi bencana, ceuk Ayip, kaarifan lokal minangka tarekah anu kacida ampuh pikeun ngurangan risiko musibat alam.

Ku sabab kitu, perlu dilestarikeun dina enggoning ngungkulan musibat alam caah, urug jeung musibat alam sejenna, kaasup angin Lilimbungan.

Baca Juga: Gerakan Kebersihan di Walungan Surakatiga Desa Ancaran Kuningan


Nurutkeun Ayip, pikeun miara kaarifan lokal perlu komunitas kamanusaan anu tanggoh.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah