Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan Ngapresiasi PORAK SMA Negeri 1 Baleendah Kabupaten Bandung

- 18 Desember 2023, 21:00 WIB
Wakil Bupati Bandung H. Sahrul Gunawan, SMA Negeri 1 Baleendah Kabupaten Bandung.
Wakil Bupati Bandung H. Sahrul Gunawan, SMA Negeri 1 Baleendah Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Wakil Bupati Bandung H. Sahrul Gunawan, SE., M.Ag., ngapresiasi Pekan Olahraga Antar Kelas (PORAK) SMA Negeri 1 Baleendah Kabupaten Bandung nu digelar ti mimiti Senen, 18 Desember 2023.

Sahrul Gunawan nyaksian langsung pertandingan voli antar kelas. Inyana ogè nyempetkeun diri nyumangetan para siswa sangkan terus ngahontal prestasi.

"Simkuring ngapresiasi PORAK. Ieu kagiatan positif kanggo ningkatkeun minat sareng bakat para siswa di widang olahraga," ceuk Sahrul Gunawan.

PORAK nurutkeun Sahrul Gunawan bisa jadi kalang jang nyitak atlet-atlet nu mibanda bakat di Kabupaten Bandung. Ku kituna Sahrul miharep sangka aya pembinaan jeung paningkatan kualitas olahraga di Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah