Kabupaten Bandung tepi ka Umurna Panceg 383 taun Meunang 313 Pangajen, Karasa Teu ku Warga?

- 18 April 2024, 16:28 WIB
Kabupaten Bandung dina umurna 383 tahun meunang 313 pangajen.
Kabupaten Bandung dina umurna 383 tahun meunang 313 pangajen. /Sopandi/dok

 

GALURA.CO.ID -Kabupaten Bandung nu dina 20 April 2024 panceg 383 taun sacara akumulatif  meunang  313 pangajèn, boh skala regional boh nasional.

Ieu pangajèn, ceuk Bupati Bandung, Dadang Supriatna, minangka pangakuan tina prestasi kolektif pamarèntah Kabupaten Bandung, kalayan rojongan nu kuat ti DPRD Kabupaten Bandung, Forkopimda, tur gawè barèng jeung dunya usaha, akademisi, para insan media katut sakumna elemen masarakat Kabupaten Bandung.

Ku kituna, sacara pribadi jeung pamarèntah Kabupaten Bandung, Dadang Supriatna nganuhunkeun ka sakum pihak nu milu aub  dina pangwangunan.

Ceuk Dadang Supriatna, aya 3 faktor konci dina pangwangunan. Kahiji partisipasi publik. Kadua,  gawè kolabirasi nu inovatif.

Katiluna faktor nu pangutamana: kabarokahan Allah SWT, tepi ka pamarèntah jeung masarakat dibèrè kaèntèngan dina ngajalankeun sagala tugas.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x