Ratusan ASN nu Dirotasi-Mutasikeun ku Bupati Bandung, Teu Disaluyuan ku Mendagri, Padahal geus Dilantik

- 18 April 2024, 19:54 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. Rotasi jeung Mutasi ka ASN teu disaluyuan ku Mendagri.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. Rotasi jeung Mutasi ka ASN teu disaluyuan ku Mendagri. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna resmi ngabolaykeun rotasi mutasi 360 ASN di lingkungan Pemkab Bandung. Padahal geus diistrenan 22 Maret 2024.

Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupaten Bandung, Tjakra Amiyana nètèlakeun, dibolaykeunana rotasi jeung mutasi ASN  dumasar Surat Edaran (SE) Mendagri Nomor 100.2.1.3/1575/SJ/29 Maret 2024 ngeunaan kawenangan Kepala Daerah nu ngalaksanakeun pilkada dina aspek kapagawèan.

"Muhun, Pa Bupati resmi ngabolaykeun ngistrènan ASN Pemkab Bandung waktos 22 Maret 2024 ti payun. Ieu luyu arahan sareng Surat Edaran Mendagri sareng UU 10 Tahun 2016. Ieu wujud ngestokeunana Pa Bupati kana surat edaran sareng UU bieu," ceuk Sekda di Kompleks Pemkab Bandung, Kemis, 18 April 2024.

Baca Juga: Kabupaten Bandung tepi ka Umurna Panceg 383 taun Meunang 313 Pangajen, Karasa Teu ku Warga?

Tjakra Amiyana ngajelaskeun, UU Nomor 10 Tahun 2016 ngamanatkeun kepala daerah dipahing ngayakeun rotasi mutasi atawa ngaganti pajabat 6 bulan samèmèh ditetepkeun calon bupati kajaba idin Mendagri.

Ku kituna sajumlah 360 ASN nu geus dilantik 22 Maret 2024 balik deui kana jabatan mimiti basa samèmèh dilantik.

Sekda yakineun bolayna pelantikan 360 ASN  moal ngaganggu lajuna organisasi di lingkungan Pemkab Bandung. "Ieu kaputusan diterapkeun kawit dinten ayeuna (Kemis, 18 April 2024)," pokna.

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaenyakeun naon nu ditepikeun Sekda Tjakra Amiyana. "Enya, pelantikan 22 Maret ti payun dibolaykeun saparantos simkuring koordinasi, konsultasi sareng Kemendagri. Simkuring masih di Kemendagri," ceuk Dadang Supriatna liwat ponselna, Kemis, 18 April 2024 burut. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x