Dina umurna nu 383 Taun, Kabupaten Bandung ceuk Bupati Masih Aya PR di Widang Atikan, Ari nu Sejenna?

- 20 April 2024, 18:00 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, dina Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung miharep daerah nu dipingpinna jadi pangpunjulna sacara nasional, turta dijadikeun pamiangan keur evaluasi ka hareupna dina ngawujudkeun karaharjaan masarakat.

Dadang Supriatna nu tacan kungsi masang iklan di media massa nu aya patalina jeung milangkala Kabupaten Bandung balaka aya PR nu kudu dipigawè, utamana pasualan atikan.

"Balaka wè perkawis atikan. Tadi ogè simkuriing noel Pa Gubernur supados tiasa ngabantos, " ceuk Dadang Supriatna satutas ngaluuhan Sidang Paripurna Istimewa Hari Jadi ke-383 Kabupaten Bandung di Gedung Paripurna DPRD Kabupaten Bandung di Soreang, Saptu, 20 April 2024.

Baca Juga: Masih Keneh Loba Salaki Pamajikan Can Boga Surat Nikah, Itsbat Nikah Hari Jadi ke-383 Kabupaten Bandung,

Ceuk Dadang Supriatna, Kabupaten Bandung ngabutuhkeun 22 unit SMA anyar. "Kumargi kaperyogian sacara grand design  peryogi 52 unit SMA. Tah, mangga kanggo swasta oge tiasa ngadegkeun SLTA, " pokna.

Dadang Supriatna ngaku, pihakna teu nutup kapasitas swasta, kaasup ti Kementerian Agama, dipiharep aya madrasah aliyah negeri.

Dadang Supriatna nyebutkeun, rata-rata lama sekolah (RLS) danget ieu salila dirina 3 taun jadi bupati, nu asalna dina 8, 7 taun, geus deukeut kana 9,10 taun.

"Dina 3 taun ieu aya undak 2 digit. Alhamdulilah mugia tiasa majeng saluyu sareng harepan RLS nu tos 12, 27 taun. Tah , urang kedah ngudag minimal 13 taun. Lengkahna kumaha carana nyayagikeun sarana sareng prasarana pendidikan, " pokna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x