PLN Ngoprasikeun SPKLU Husus keur Alibo di Kota Bogor

- 18 April 2024, 21:52 WIB
PT PLN jeung Pamarèntah Kota Bogor ngoprasikeun Statsiun Pengisian Kendaraan Listrik Umum (SPKLU) husus Angkutan Umum Perkotaan Berbasis Listrik di Kota Bogor (Alibo).
PT PLN jeung Pamarèntah Kota Bogor ngoprasikeun Statsiun Pengisian Kendaraan Listrik Umum (SPKLU) husus Angkutan Umum Perkotaan Berbasis Listrik di Kota Bogor (Alibo). /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -PT PLN (Persero) kolaborasi jeung Pamarèntah Kota Bogor ngoprasikeun Statsiun Pengisian Kendaraan Listrik Umum (SPKLU) husus Angkutan Umum Perkotaan Berbasis Listrik di Kota Bogor (Alibo).

Ieu tèh ngarojong tarèkah Pamarèntah Kota Bogor nu keur ngayakeun uji coba kana 5 unit Alibo ti 4 April 2024 tepi ka 3 Juli 2024.

Wali Kota Bogor Bima Arya, dina rilisna nu katarima ku Galura, Kemis, 18 April 2024 peuting nètèlakeun, angkot listrik Alibo  teh  tranformasi angkutan umum di Kota Bogor.

Baca Juga: Suku Palsu ti PLN UP3 Majalaya keur  Disabilitas di Ibun Kabupaten Bandung

"Salasawios nu fenomenal tina angkot di Kota Bogor tèh polusina nya angkot tos reyod tapi teras operasi. Sesah pisan ngalirènkeunana, polusi sareng sajabina. Ieu tèh reformasi di Kota Bogor, sareng ka payunna mung Biskita Trend sareng angkot listrik, Bismillah, mugia Allah ngagampilkeun," ceuk Bima.

Direktur Utama PLN Darmawan Prasodjo nètèlakeun, PLN nambahan SPKLU di Bogor husus keur ngalayanan kabutuhan pangisian daya angkutan umum basis listrik.

Ceuk Darmawan, PLN teu ukur ngalayanan kana kandaraan listrik pribadi, tapi ogè ngadukung angkutan umum basis listrik ku terus nyayagikeun infrastrukturna, salasahijina SPKLU keur angkot listrik di wilayah Kota Bogor. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x