Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung Tingkat Kecamatan Margahayu, Warga Disuguhan Dewi Nurcahya

- 21 April 2024, 05:30 WIB
Pagelaran wayang golek di Kecamatan Margahayu (20/04/2024), ngareuah-reuah milangkala ka-383 Kabupaten Bandung.
Pagelaran wayang golek di Kecamatan Margahayu (20/04/2024), ngareuah-reuah milangkala ka-383 Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Wayang Golek nutup acara pagelaran kasenian dina raraga milangkala ka- 383 Kabupaten Bandung jeung Hari Kartini ka-145 tingkat Kecamatan Margahayu nu digelar di palataran Ruko Permata Kopo Desa Sukamenak Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, Saptu, 20 April 2024, peuting.

Ratusan warga sabudeureun Kecamatan Margahayu ngagimbung lalajo pagelaran Wayang Golek ti Lingkung Seni Giri Medal Rahayu, Desa Margahayu Tengah, Kecamatan Margayu. Lalakon nu dipedar ku dalang Gilang Jaya Handika teh Dewa Nurcahya.

Samèmèhna, ti jam 15.30 saniskara kasenian ti 4 desa jeung 1 kelurahan nu aya di kecamatan Margahayu midang ngahibur warga. Salasahiji kesenian nu midang beurangna: grup Calung
Jungjunan Pingpinan Wa Oded ti Desa Sayati.

Baca Juga: Dina umurna nu 383 Taun, Kabupaten Bandung ceuk Bupati Masih Aya PR di Widang Atikan, Ari nu Sejenna?

Camat ngajak lalajo jeung Jajan

Camat Margahayu, Hj. Tati Suharyati, S. H., M. Si umajak ka warga sangkan nongton jeung jajan. "Tapi jajanna teu kenging ka super market,  margi di dieu aya stand UMKM nu nyayogikeun rupi-rupi jajanan, " ceuk Tati.

Tati ogè miharep acara bisa bisa nambah sumanget warga dina nyanghareupan poè -poè nu bakal disanghareupan tur saheulaanan ngècagkeun pasualan. "Urang hiburan di dieu," pokna.

Ceuk Tati, tanggal 20 April 2024 saban  kecamatan ngagelar acara milangkala ka-383 Kabupaten Bandung.

"Alhamdulillah tadi runtuyan puncak acara di saban kecamatan," ceuk Tati nu balaka sabaraha waragad pesta Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung di tingkat Kecamatan Margahayu.

Puncak acara milangkala Ahad, 21 April 2024. Saban desa jeung kelurahan ngirimkeun delegasi aub miluan arak-arakan di Pemda Kabupaten Bandung kalawan ciri hasna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x