Wakil Ketua DPRD Yayat Hidayat: Milangkala Kabupaten Bandung Pamiangan keur Bupati Ngaronjatkeun Kinerja

- 21 April 2024, 14:49 WIB
Wakil Ketua DPRD, Yayat Hidayat.
Wakil Ketua DPRD, Yayat Hidayat. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Milangkala ka 383 Kabupaten Bandung, ku Wakil Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Yayat Hidayat dipiharep dijadikeun pamiangan ku Bupati Bandung pikeun leuwih ngaronjatkeun kinerja.

Yayat nyebutkeun najan geus meunang 313 pangajèn, boh regional boh tingkat nasional, Bupati Bandung ulah eureun narèkahan keur leuwih ngaronjatkeun karaharjaan masarakat Kabupaten Banding.

"Kamiskinan bisa diteken jeung pangangguran pangangguran bisa bisa diteken," ceuk Yayat Hidayat sarense ngaluuhan Rapat Paripurna Istimewa Hari Jadi ka 383 Kabupaten Bandung di Gedung Paripurna DPRD, Saptu, 20 April 2024.

Baca Juga: Teu Luyu jeung Aturan, Mutasi jeung Rotasi Dibatalkeun, Ngariweuhkeun Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung

Yayat Hidayat ogè miharep ku 313 pangajaen keur Kabupaten Bandung ulah ngalantarankeun urang sugema 100 persen.

"Kumargi plus minus manusa tèh teu welèh aya. Urangkedah tetap merjuangkaeun karaharjaan masarakat, " ceuk Yayat.

Yayat ngaku, can bisa merè kasimpulan ngeunaan kinerja OPD dina hiji hal taun ieu. "Simkuring nuju ngevaluasi LKPJ. Engkè ti LKPJ diusulkan kanggo janten simkuring teu tiasa ngajelaskeun kasimpulan. "Engkè rekomenna rekomen plus minusna," *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x