Gumebyarna Karnaval Budaya Bedas 2024 Puncak Acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, Acarana Pemda

- 21 April 2024, 18:31 WIB
Pamilon  Gelar  Semarak Karnaval Budaya Bedas 2024  di lelewek Jalan Al Fathu Soreang, Ahad, 21April 2024.
Pamilon Gelar Semarak Karnaval Budaya Bedas 2024 di lelewek Jalan Al Fathu Soreang, Ahad, 21April 2024. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Puncak acara Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung, Pemda Bandung ngayakeun Gelar Semarak Karnaval Budaya Bedas 2024 di lelewek Jalan Al Fathu Soreang, Ahad, 21April 2024.

Gelar Semarak Karnaval Budaya Bedas 2024  mintonkein pirang-pirang kamotèkaran seni jeung budaya nu disuguhkeun ku ASN di organisasi perangkat daerah (OPD) di auban Pemkab Bandung.

Para ASN ti OPD mintonkeun kamotèkaran seni jeung budaya nu dikaitkeun jeung potensi kinerja nu aya di dinasna sèwang-sèwangan.

Baca Juga: Wakil Ketua DPRD Yayat Hidayat: Milangkala Kabupaten Bandung Pamiangan keur Bupati Ngaronjatkeun Kinerja

Wawakil 31 kecamatan sa-Kabupaten Bandung ogè mintonkeun kamotèkaran seni jeung budaya dumasar potensi di wilayahna. Sajumlah ASN makè pakèan tokoh pawayangan. Aya ogè nu makè pakèan adat Sunda jeung adat suku sèjènna nu aya di Indonesia.

Ada ogè ASN nu makè batik kina, minangka warisan budaya nu aya di Kabupaten Bandung. Malahan, aya nu makè pakèan tina daur ulang runtah kertas, plastik, botol plastik, tutup botol jeung bahan urut sèjènna mu boga nilai ekonomis.

Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nètèlakeun, pamarèntah Kabupaten Bandung ngayakeun Karnaval Budaya Bedas 2024 nu pamilonna p OPD jeung kecamatan sarta para kepala desa.

Bupati Bandung dina karnaval dibarengan Bunda Bedas Emma Dety nu ogè marakè pakèan wayang, dibarengan ogè Wakil Bupati Bandung Sahrul Gunawan, jeung Kepala Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Bandung, Wawan A Ridwan.

Baca Juga: Teu Luyu jeung Aturan, Mutasi jeung Rotasi Dibatalkeun, Ngariweuhkeun Milangkala ka-383 Kabupaten Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x