Lulusan Otomotif SMKN 2 Banjar, Nuryanto Tirayana, Dalang Ngora Potensial ti Desa Bunter Kabupaten Ciamis

- 5 Desember 2023, 15:47 WIB
Ki Anom Nuryanto Tirayana, dalang ngora ti Desa Bunter Kabupaten Ciamis.
Ki Anom Nuryanto Tirayana, dalang ngora ti Desa Bunter Kabupaten Ciamis. /Nanang /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Nuryanto Tirayana teh seuweuna dalang kahot Deden Tirayana, ti Kampung Majapura, Desa Bunter, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis. Nuryanto saenyana lulusan SMKN 2 Banjar jurusan otomotif. Ngan sanggeus lulus henteu ngabengkel.

Nuryanto hayang neruskeun neruskeun tapak lacak nu jadi bapana: ngadalang. Ongkoh deuih boga bakat nu hade dina ngawayang. Deden Tirayana, salasahiji murid Asep Sunandar Sunaya suargi, ngayunkeun kahayang Nuryanto.

Panggungan Nuryanto geus kamamana, di luar Kabupaten Ciamis. Ngaran grupna Lingkung Seni Wayang Golek Putra Sri Harja. Beda jeung ngaran lingkung seni nu jadi bapana.

Baca Juga: Den Gala, Dalang ti Kabupaten Bogor Ngarebut Bokor Mas Astagina Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

Deden Tirayana teh bibit buitna mah ti Banjaran Kabupaten Bandung. Katalian dulur jeung Asep Sunandar Sunarya suargi. Lanceuk bojo Deden Tirayana kawin ka Asep Sunandar Sunarya. Dadan Sunandar jeung Yogaswara mah perenah emang ka Deden Tirayana teh.

Nuryanto nyebutkeun hayang jadi dalang nu masagi jeung dipikalandep ku masarakat teh lain pagawean enteng. “Sesah pisan,” pokna. Ceuk Nuryanto, jadi dalang teu cukup ku tapis jeung maher ngamaenkeun wayang, teu cukup bisa kakawen, teu cukup ku biasa ngahaleuang.

Dalang, ceuk Nuryanto, oge kudu mampu nepikeun bag-bagan agama, kaayaan sosial, pulitik, ekonomi, budaya jeung sajabana. Ngan dina nepikeunana, mun dina bag-bagan agama teu kawas juru da’wah atawa dai. Kitu deui dina soal pulitik, teu kawas politikus; dina soal ekonomi teu kawas ekonom jeung sajabana.

Baca Juga: Ciamis Teu Ngirimkeun Dalang ka Binojakrama Pedalangan di Kabupaten Bandung, Disbudpora Ciamis Ngabetem

“Dalang jaman kiwari mah kedah nuturkeun pajamanan. Kedah up to date. Upami henteu kitu, urang bakal tinggaleun,” ceuk Nuryanto. Najan kitu, ceuk Nuryanto deui, pakem, tetekon, padalangan mah kudu  diestokeun, ulah tepi ka dirobah.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x