Legislator Fraksi PDIP H. Dadan Konjala, SH, Miharep dina Milad ka 383 Kabupaten Bandung Leuwih Hade

- 2 Maret 2024, 15:39 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadan Konjala sapiri umpi.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadan Konjala sapiri umpi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Legislator Fraksi PDIP DPRD Kabupaten Bandung, H.Dadan Konjala teu ngimpi-ngimpi acan bakal jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung. Ngan, kajurung hayang ngabantu masarakat, inyana antukna asup jadi bagèan anggota DPRD Kabupaten bandung.

Mimitina, lalaki nu digumelarkeun 25 Mei 1964 teh mindeng ngobrol jeung para tokoh senior lintas partai.

"Nya aranjeuna nu ngarojong simkuring nyalonkeun diri janten anggota DPRD Kabupaten Bandung, " pokna di padumukanana di Jalan Terusan Kopo Lembur Palgenep, Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Sabtu , 02 Maret 2024.

Baca Juga: Pemilu 2024, Ketua DPRD Kabupaten Bandung Ngamalum sok Aya Human Eror di Tingkat PPS

Teu karasa, ceuk H. Dadan Konjala, geus 2 periode jadi anggota DPRD, ti 2014-2019-2019-2024. Geus 10 taun ieu politisi nu dedeg pangadegna jangkung badag ngawal Kabupaten Bandung.

Abah Deka, nenehna Dadan Konjala, sanggeus 2 periode tèh hayang mèbèrkeun luang karir politikna ku nyalonkeun diri ka DPRD Jabar dina Pemilu taun 2024 ayeuna.

Najan can aya kaputusan KPU nu resmi, tapi H. Dadan Konjala yakineun dirina baris jadi anggota DPRD Propinsi Jawa Barat ngawakilan Kabupaten Bandung.

Geus 10 taun ngawal Kabupaten Bandung. Ayeuna umur Kabupaten Bandung jejeg 383 taun dina 20 April 2024 engkè. Ceuk Dadan Konjala, Kabupaten Bandung geus umuran.

"Saatos simkuring lebet kana aistem, nya aya parobihan langkung saè, sanaos teu acan walatra, " ceuk Dadan Konjala.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x