Walungan Cikahyangan Remen Mudal, Dadan Konjala : Perlu Dikeruk Pikeun Ngurangan Caah

- 7 Februari 2023, 19:30 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung Dadan Konjala, basa Musrenbang Kecamatan Margahayu.* 
Anggota DPRD Kabupaten Bandung Dadan Konjala, basa Musrenbang Kecamatan Margahayu.*  /SOPANDI/

GALURA- Di Jalan Dengdek (Jadek), jalan utama Kecamatan Margahayu Soreang,  sok katarajang banjir musiman.

Anu jadi sabab musababna mah, cai walungan Cikahyangan mudal. Sok komo pareng hujan di Kota Bandung.

Keur ngungkulan caah, perlu ngayakeun normalisasi eta walungan, minimal dikeruk.

Baca Juga: Seren Sumeren Pajabat Kodam III Siliwangi, Pangdam: Prajurit Kudu Wani, Moderat Dibarung Pangaweruh

Eta hal ditembrakeun ku Dadan Konjala,  ti Fraksi PDIP DPRD Kabupaten Bandung, basa monitoring Musrenbang, di Kecamatan Margahayu, Salasa, (7/2/2023).

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

"Kahoyong mah taya  deui caah di Jadek, " ceuk Dadan Konjala.

Nurutkeun Dadan, basa inyana masih kénéh mancen di Komisi C, ngeunaan ngungkulan caah di Jadek teh kungsi dibahas.

Baca Juga: Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil

Tina usulan boh ti e-pokir dewan nu aya di dapil 2 boh tina usulan nu séjénna, dibahas jeung PUTR, geus asup dina anggaran 2022.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x