GALURA - Seren sumeren pajabat Kodam III Siliwangi dipingpin ku Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, Senen, 6 Februari 2023.
Eta acara seren sumeren pajabat Kodam III/Siliwangi teh lumangsung di Rohang Silihwangi Makodam III Siliwangi, Jln. Aceh, Kota Bandung.
Lian ti seren sumeren, oge digelar Tradisi Pindah Satuan pajabat Kodam IIISiliwangi.
Baca Juga: Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil
Demi pajabat nu ngalaksanakeun seren sumeren teh nyaeta Kasdam III/Siliwangi Brigjen TNI Widjanarko nu digenti ku Brigjen TNI Agus Saepul.
Samemehna, Brigjen TNI Agus Saepul teh Dirsen Pussenif. Anapon Brigjen TNI Widjanarko satuluyuna dines minangka Pa Sahli Tk.III Kasad Bidang Intekmil dan Siber.
Sedengkeun pajabat nu masrahkeun tugas jeung tanggung jawab jabatan ka Pangdam III/Siliwangi nyaeta Kolonel Inf Opan Sopandi, Pamen Ahli Bidang Hukum dan Humaniter Sahli Pangdam III/Siliwangi, nu jadi Kapoksahli Danpusterad.
Baca Juga: Gedong Sate cenah mah Diadegkeun dina Lahan Urut Karaton, Karatonna Mindeng Kawenehan
Dina eta kasempetan, Pangdam III/Siliwangi ngahaturkeun panuhunna tur pangajen ka Brigjen TNI Widjanarko nu geus ngabantu lagu nyusun organisasi, ngerahkeun pasukan, kawijakan strategi, jeung sajabana.