Pemilu 2024, Ketua DPRD Kabupaten Bandung Ngamalum sok Aya 'Human Eror' di Tingkat PPS

- 1 Maret 2024, 16:42 WIB
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto (kenca).
Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto (kenca). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto ngaku kacida ngamalum mun seug kajadian kasalahan "human erorrol" dina panyalanggara Pemilu tingkat PPS, sabab tingkat PPS ngabutuhkeun waktu nu kacida lila.

"Malahan bisa sadinten sawengi jeput. Ieu tangtos kamampuan jalmi kawatesanan. Sok komo ieu ukur saurang. Enya kitu tèa mah aya tujuhan, tapi apanan sacara individu aranjeunna didamel sèwang-sèwang, " ceuk Sugianto.

Sugianto nyarita Kitu satutas ngaluuhan bubuka Pleno Rekapitulasi Hasil Penghitungan Perolehan Suara Tingkat Kabupaten Bandung Pemilu 2024 di Hotel Sutan Raja Soreang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 1 Maret 2024.

Baca Juga: Rekapitulasi Tingkat Kabupaten Bandung Munggaran Macakeun Hasil ti Kecamatan Disandingken jeung Sirekap

Sugianto ngapreaaisi panyalanggara Pemilu 2024, nu tepi ka ayeuna lumangsung lancar, najan aya dinamika nu teu weleh mucunghul sapertt nu diebutkeum tadi.

"Perkawis hasil, tangtos urang ngantosan final, tina rekapitulasi KPU Kabupaten Bandung. Ieu nu engkè baris janten cepengan urang sadaya, boh pamarèntah daerah boh pangurus partai politik,” ceuk Sugianto.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x