Kapolres Majalengka Ngaluuhan Rapat Pleno Rekapitulasi Hasil Penghitungan Soara Pemilu 2024 di KPU Kabupaten M

- 1 Maret 2024, 12:00 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngaluuhan  bubuka Rapat Pleno Terbuka Rekapitulasi Hasil Penghitungan Perolehan Soara Pemilu 2024 Tingkat Kabupaten Majalengka.
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngaluuhan bubuka Rapat Pleno Terbuka Rekapitulasi Hasil Penghitungan Perolehan Soara Pemilu 2024 Tingkat Kabupaten Majalengka. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Dina raraga nyukseskeun tur mastikeun kalancaran proses demokrasi, Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngaluuhan bubuka Rapat Pleno Terbuka Rekapitulasi Hasil Penghitungan Perolehan Soara Pemilu 2024 Tingkat Kabupaten Majalengka.

Rapat pleno rekapitulasi lumangsung di Aula Hotel Putra Jaya, Majalengka, dibuka Kemis (29/02/2024) sarta dijadwalkeun lumangsung tepi ka 4 Maret 2024.

Rapat pleno dibuka ku Ketua KPU Kabupaten Majalengka, Teguh Fajar Putra Utama, anu dibarengan ku Komisioner KPU sejenna.

Anu ngaluuhanana liat ti Kapplres Majalengka, oge pajabat pemerintah, Forkopimda, Sekretaris Daerah Kabupaten Majalengka, Ketua Badan Pengawas Pemilu (Bawaslu) Kabupaten Majalengka. Ditambah,wawakil Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) sakabupaten Majalengka jeung pingpinan partai politik pamilon Pemilu 2024.

Baca Juga: Moal Lila Deui Hasil Pemilu Ditetepkeun KPU, Mangsa Tenang jeung Ngitung Sora Pinuh Kahariwang

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, ngungkabkeun rasa syukur ka Allah SWT kana kalancaran Pemilu 2024 nepi ka tahap rekapitulasi. Inyana ngapresiasi tur ngahaturnuhunkeun ka sakumna pihak anu aub dina Pemilu 2024.

"Ti dinten Kemis, 29 Februari 2024, tos dugi kana tahap rekapitulasi perhitungan soara tingkat KPU Kabupaten Majalengka. Sanaos tahapan kampanye sareng pemungutan soara tos dilaksankeun, urang sakumna teu kenging ngalalaworakeun gumebyar simpati masarakat kana satiap pasangan calon," pokna.

Kapolres meupeujeuhan urang kudu tetep waspada, babakuna patugas pangamanan anu tos ditugaskeun kangge ngajaga kaamanan proses perhitungan soara.

Kapolres netelakeun pihak kapulisian geus nyiapkeun sajumlah 250 personel Polri keur ngajaga kaamanan rapat pleno Inyana ngayakinkeun ku rempug gawe tur kasiapan anu hade situasi kamtibmas anu kondusif bisa kawujudkeun.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah