Moal Lila Deui Hasil Pemilu Ditetepkeun KPU, Mangsa Tenang jeung Ngitung Sora Pinuh Kahariwang

- 28 Februari 2024, 07:11 WIB
Ketua Panwaslu Kecamatan Ciniru, Kabupaten Kuningan, Ade Wahyudi (tengah)
Ketua Panwaslu Kecamatan Ciniru, Kabupaten Kuningan, Ade Wahyudi (tengah) /

GALURA-Dina waktu anu moal lila deui, hasil pemilihan umum (pemilu) 2024 baris ditetepkeun ngaliwatan rapat pleno hasil pemilu. Sanajan hasil pemilu geus rea anu mikanyaho,  tapi kapan resmina engke sabada ditetepkeun ku KPU.


Rapat Pleno hasil pemilu, minangka tahapan akhir dina tahapan pemilu. Saméméhna tahapan ngitung sora ti mimiti TPS, PPK atawa kecamatan.

Aya anu disebut  tahapan masa tenang, tilu poe saméméh lumangsungna pesta demokrasi. 


Anu disebut mangsa tenang. ngandung harti waktuna peserta pemilu reureuh tina rupa-rupa kagiatan kampanyeu. Cindekna kacida dipahing (dilarang) pikeun sakumna peserta pemilu ngayakeun kampanyeu dina mangsa tenang téh.


Sabalikna, pikeun pihak-pihak anu raket patalina reujeung pemilu, kawas patugas pengawas pemilu (panwaslu), dina poé-poé mangsa tenang téh poé anu pinuh kahariwang.

Teu rék hariwang kumaha, ku sabab dina mangsa tenang téh kaasup rawan, sok aya anu peserta pemilu ngamangfaatkeun kagiatan anu bau-bau pikeun kampanyeu.

Kawas anu ditembrakeun ku Ketua Panwaslu Kecamatan Ciniru, Kabupatén Kuningan, Adé Wahyudi, saméméhna Panwaslu Kecamatan Ciniru geus sayaga dina nyanghareupan mangsa tenang téh.


Kituna teh Inggis ku bisi rémpan ku sugan, dina poe mangsa tenang sababaraha poé lumangsungna pesta demokrasi aya peserta pemilu anu ngamngfaatkeun kampanyeu téa.


Mémang, ceuk Adé, dina mangsa tenang téh kaasup rawan dimangfaatkeun kagiatan anu bau kampanyeu. Contona sosialisasi, silaturahmi, pentas seni jeung sajabana.

Ku sabab kitu, saméméhna ngayakeun tarékah ku cara ngagederkeun sosialiasi jeung méré penerangan ka peserta pemilu

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x