Rekapitulasi Tingkat Kabupaten Bandung Munggaran Macakeun Hasil ti Kecamatan Disandingken jeung Sirekap

- 1 Maret 2024, 11:45 WIB
Ketua KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat (tengah) dibarengan Bupati Bandung, Dadang Supriatna ( katuhu) jeung Ketua DPRD Kabupaeten Bandung, Sugianto (kenca). basa nitenan rekapitulasi tingkat  Kabupaten Bandung.
Ketua KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat (tengah) dibarengan Bupati Bandung, Dadang Supriatna ( katuhu) jeung Ketua DPRD Kabupaeten Bandung, Sugianto (kenca). basa nitenan rekapitulasi tingkat Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Ti Juma'ah  1 tepi tepi ka Ahad 3 Maret 2024, KPU Kabupaten Bandung ngagelar Rapat Pleno Rekapitulasi Hasil Penghitungan Perolehan Suara Pemilu 2024 di Tingkat Kabupaten Bandung di Hotel Sutan Raja Soreang, Kabupaten Bandung.

Ketua KPU Kabupaten Bandung, Syam Zmiat nètèlakeun pleno di KPU Kabupaten  pikeun macakeun  hasil ti tingkat kecamatan.

"Hasil di kecamatan  bakal dibacakeun sasarengan nu engkèna disandingkeun sareng hasil upload Sirekap," pokna.

Baca Juga: Kapolsek Sukahaji jeung Danramil Sukahaji Ngaluuhan Rapat Pleno Rekapitulasi Soara Pemilu 2024

Syam nyebutkeun sakuduna kabeh data atawa rekapan nu geus ditandatangan ku saksi di tingkat kecamatan, kumaha waè kaayaanana geus rèngsè di tingkat kecamatan.

"Namung, upami masih aya saksi nu hadir di dieu masih kèneh aya nu teu acan sugema sareng nganggap aya ètangan nu dianggap teu luyu, hayu urang rèngsèkeun di dieu, " ceuk Syam ngajèntrekeun.

Syam Zamiat ngaku, pihakna geus jangji  hasil pangitungan di tingkat TPS baris dikawal  jeung diamankeun tepi ka di panghitungan tingkat nasional.

Poè munggaran, ceuk Syam dibuka dua panel, ngainput data nu dibacakeun Ketua PPK di tingkat kecamatan sèwang-sèwang, pikeun 11 kecamatan. Sesana isukna 20 kecamatan. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah