Carpon Aan Merdeka Permana
DI Alun-alun Cimalaka sakapeung sok aya pintonan pasar malem. Rupa-rupa karesménan aya. Korsél, ombak banyu, tong sétan, rumah hantu, dogér monyét jeung sajabana. Leuwih dipasieup deui ku ayana tukang kadaharan, rupa-rupa. Ngan anu has mah paragpagna tukang martabak endog. Ngabarak, ngajajar aya welasna, aya puluhna, jiga anu teu sieun silih saéngan. Aya ogé tukang dagang tahu petis goréng. Mun hayang lada, kari ménta céngék saba-baraha guruntul.
Nyi Asih awéwé jekékan urang Buahdua, tepung jeung kuring di tempat ombak banyu. Manéhna unggah kana tétécéan. Ngan ombak banyu téh oyag-oyagan. Sakapeung ka handap tapi teu kungsi lila ngajaul ka luhur. Atuh Nyi Asih héséeun. Sakapeung jejeritan sakapeung seuseurian. Aya hayang aya sieun tumpak om-bak banyu téh.
“Sok urang bantuan!” cekéng téh bari nyekelan peupeuteuyanana. “Jleng, jleng!” ceuk ku-ring. Tapi manéhna bangun sieun. Atuh kapaksa kuring unggah miheulaan. Manéhna dikenyang. Gék gigireun kuring. Leungeunna nyekel pageuh kana pingping kuring.
Diuk téh jadi ngaréndéng.
Basa ombak banyu mimiti motah, ngurilingna bari ka luhur ka handap, para panumpang aya anu jejeritan aya anu babarakatakan. Nyi Asih mah, peureum tipepereket. Atuh leungeunna ogé nyekel pageuh kana pingping kuring mani tipepereket.
*
“TI saha Aa terang nami abdi?” ceuk Nyi Asih basa kuring rék nganteurkeun manéhna ka Buahdua.
“Ah, aya wé ...” témbal téh kéom.